Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Prawira keur lalamunan, tas dahar kueh saeutik, muji ka Siti Permana, majar teh istri binangkit, keur geulis tambah rajin, rapekan sagala timu, bagja kabina-bina, mun tulus dahup ka kami, keur peulis teh kawuwuh pengkuh adatna.

Keur uleng ngamanah-manah, jebul Nyi Permana bijil, nepangan ka Mas Prawira, meureunan nembongkeun geulis, kawas mundut ditaksir, bari ngagelenyu imut, ki semah ret ningalan, olohok siga nu ngimpi, nanggeuy gado mata-simeuteun panonna.

Cek Permana, '’Naha engkang, ningali bae ka abdi, kawas anu nembe tepang, bet abdi mah ararisin, naha engkang ka abdi, hentey acan lemper bendu ? Ulah kitu dunungan ! sageuy engkang henteu ngarti, kana pimaksadeun rayi tadi tea !”

Mas Prawira ngawalonan, ’’Henteu pisan-pisan Eulis ! engkang teu bendu teu ngewa, demi Allah demi Nabi, nu thawi neuteup tadi, wireh pun engkang saumur, nembe ningal ayeuna, istri geulis tanpa tanding, mung kembang ros Cigereleng Nyi Permana.”

"Sanes ngucap heuheureuyan, sanes ngalap-ngalap ati, sanes pe- dah di payunan, tobat sanes muja-muji, engkang estu lat lali, teu nyana sacongo rambut, sugan teh anu dongkap, Apsari turun ti langit, sing horeng teh Permana mustika engkang !”

"Engkang saumur dumelah, saestu teu acan manggih, sumawonna bangsa somah, sariga menakna ugi, nu geulis cara Eulis, sok suma- wonna mun uncul, nu sapantar ge langka, engkang teh bagja istuning, lamun tulus katuliskeun ka salira !”

"Duh Eulis Siti Permana, mustika para apsari, ka dieu engkang tek wiat, reh engkang ngaraos risi, asa mo bisa hasil, migarwa salira enung, jadi ku margi eta, tah ieu peso balati, pek ku Eulis tewekkeun ka dada engkang !”

"Pamilih engkang ayeuna, prantos iklas kana diri, langkung sae angeur hilang, ti batan wurung ka Eulis, sanaos mulya-mukti, moal matak senang hirup, ari teu jeung Eulis mah, anggur matak nyuat ati, anu mawi was pisan maot ayeuna !’’

Permana watireun pisan, nguping saur anu tadi, ngahuleng nga- manah-manah, haben mulak-malik pikir, dasar istri berbudi, bisa mepes napsu hurung, gek calik ngarendengan, semu deudeuh semu asih, bari nyaur, '’Duh engkang panutan ingwang !"

18