Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Para sepuh, pangkat-pangkat henteu kantun, kolot-kolot desa, haji-haji geus ngaberes, tukang doa nyanghareupan parukuyan.

Sanggeus kumpul, meneran waktu nu alus, tuluy didoaan, doa salamet panganten, dur bedilna surakna ayeuh-ayeuhan.

Lisung-dug-dug, sorana wani ngaguruh, tanjidor-gamelan, ditabeuhan bareng kabeh, tatabeuhan henteu puguh kadengena.

Di jro lembur, titingalan samar-saru, ku haseup petasan mulek mani jadi poek, anu surak rame teu aya eureunna.

Matak ucut, awewe anu keur ngandung, matak sawan budak, lir tarung gelap saleser, bumi eundeur kawas rek lebur kiamat.

Dulag satus, lisungna oge sakitu, pake tutunggulan, petasan jeung bom teu liren, dadanguan asa teu aya daratan.

Atuh maklum, Juragan Lurah teh mampuh, koncara beungharna, lain beunghar onceng-onceng, tujuh rewu perak sadiaan hajat.

Turug-turug harita rea nu nyambung, mulangkeun hutangna, nu ku artos nu ku gawe, anu mawi hajat sakitu ramena.

Aya waktu, sajeroning keur tagiwur, si Karimin mulat, nyaketan kamar panganten, dodongkoan kana handapeun jandela.

Wantu-wantu, kabeh jalma di parayun, keur ngaleunggeuh tea, di pungkur mah estu jempe, panganten ge di kamar kantun nyalira.

Pikir ratug, sieun katangen ku batur, si Karimin maksa, nangtung panonna teu meleng, luak-lieuk bisi aya anu ningal.

Enggeus puguh, yen taya anu lumantung, moal kawistara, suratna tuluy dicokot, dialungkeun ka kamar panganten tea.

Eukeur nangtung, panganten bari ngalamun, koleang katingal, surat ragrag top dicokot, ditempoan saha nu ngalungkeunana.

Enggeus puguh, yen si Eming nu ngabantun, bendu Nyi Permana, nyeuseulna seep kadaek, ”He Karimin ! ieu teh naon mungguhna !”

”Naha kitu, Juragan Mantri teh tambuh ? sageuy teu uninga, boga salaki kami teh, naha mana teu kagungan kira-kira !”

23