Acan tutup, Permanf nu ngumbar napsu, si Karimin jawab, ”Ulah nyeuseul seep-seep, sim abdi mah darma ngemban piwarangan !”
Mun rek bendu, gamparan kedah ka Itu! ari teu keyeng mah serat teh ontong diaos ! abdi pamit bilih nu manis ngantosan."
DANGDANGGULA
Matak heran ku kembang malati, boga bakat rasa anu hebat, benten ti kembang nu sanes, angot malati susun, beunang melak ki juru sihir, sigana ngandung hikmat, upami kaambung, meleber angin- anginan, sumarambah muru kana sanubari, nyerep kana sungsuam.
Sari kembang beunang ki Dulkarim, ku Den Tanu ayeuna dicoba, dikakusan henteu petot, dipuja dipupunjung, ditiginkeun ku ati wening, disamikeun hikmatna, jeung cimata dujung, diulaskeun kana surat, nurut sakumaha pesen ki Dulkarim, sadaya dipilampah.
Nyi panganten kesel ngantos magrib, panasaran hoyong enggal maca, naon eusina serat teh, barang parantos bedug, lampu enggeus dipasang deui, nyi panganten tangginas, jepret nyosi pintu, berewek serat dibuka, seng kaangseu minyak seungit ngadalingding, tina lebeting serat.
Ganda kembang lir dibawa iblis, lebet kana pangambung Permana, seug nyeleket kana hate, asup kana jajantung, ancik-ancik di sanubari, nyarambah kana bayah, sirah lieur lanjung, ganda nyampeuk kana soca, Nyi Permana prantos karingkus ku sihir, leungit ingetanana.
"Aeh-aeh na ku naon aing, tetenjoan bet rarumeuk pisan, hate ratug tingseredet, parusing-bararingung, naha kitu tuju kuriling ? cik rek disibeungeutan, sangkan henteu lanjung !’’ Nyi Permana ngadeu-keutan, cuci muka nu dieusi cai bersih, ngalenyap barang ningal.
Breh katingal dina jero cai, wawayangan, Den Jakalalana, beleke ceples jeg potret, kalangkang Raden Tanu, ngajak imut ka anu geulis, Nyi Permana ngajengkat, wuwuh-wuwuh bingung, rusras pipikiranana, nu katingal teu aya ti salianing Raden Jakalalana.