Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

PANGKUR

Beja ti nu kariaan : Mas Prawira nikahna geus lastari, ka kamar bade dibantun, rek nepangan bojona, ana blak teh muka kamarna bet suwung, ditingal jandela muka, ari pangantenna leungit.

Nyi Rohani jejeritan, midangdamna ngaguyurkeun nu nguping, brul sadaya pada muru, besanna duanana, milu sedih di kalurahan tagiwur, dugdug-tongtong patembalan, lir sasambat ka pulisi.

Pulisi abrul-abrulan, tuduh curuk hakheuk sesentak bengis, urang desa puluh-puluh, mawa obor barangbang, nareangan nu ka kaler nu ka kidul, anu ngulon anu ngetan, neangan panganten leungit.

Nu kantun di panghajatan, rusuh-ibur rame ku nu careurik, para sepuh tingsalegruk, randa-randa midangdam, nu popolah pating aringhak di dapur, kaolahan sararaat, goreng bawang tutung teuing.

Leungit anyameun sadaya, milu gugup ngiring sedih prihatin, Nyi Rohani mah geus puguh, ngagoler kapidara, ku bawaning sanget nandangan kabingung, digugulung diceuceuhan, weleh acan eling- eling ........

Geus guyur di palataran, tingserelek anu nyarabut keris, bangsa nonoman nu jegud, anu eukeur sedengna, buta tulang buta daging geus ngagimbung, sosoak bari susumbar, cakah-cikih bari singkil.

Cek saurang, ”Mun kapendak, lalakina ulah ngengkekeun deui! urang cacag bae terus, ulah rek dihirupan, cadu sieun najan dedeg gede jangkung, sageuy rek ditarajean, meureun ceulina disebit!”

Lurah jeneng leungit akal, ku bawaning bingung katambah isin, los ka payun los ka pungkur, jut turun ka buruan, arek nyusul teu terang ka mana kudu, leungeun kenca maan damar, nu katuhu nyekel bedil.

Anu poek didamaran, anu nangkub haben dibulak-balik, di tempat nu singkur-singkur, walatra ditempoan, sumur-jurang leuit-jamban henteu kantun, unggal imah digaradah, tapi weleh teu kapanggih ...

Kocap geus lilir nangisna, Raden Tanu ka Permana ngalahir, ”Da sanes butuh ku kitu, pangkat aya di engkang, kamenakan teu perlu menta ka batur, harta banda moal kurang, pangarti engkang sayagi!”

27