Urang kantun nu keur sanget edan pikir, Nyi Rohani dongkap, ka Nyi Lurah bari ceurik, jeung nembongkeun hiji surat.
Nyai Lurah maos serat bari nangis, puguh Rohani mah, duanana sararedih, kieu ungel eta surat,
”Ama-ibu Lurah !
nu linggih di
bumi.
Sinarengan hormat,
Sim abdi hatur tingali, wirehing abdi ayeuna, gaduh dosa nu abot
langkung ti misti, ngadamel wiwirang, ka sakumna kadang-wargi, komo ka kang Prawira mah !”
”Mung estuna sanes perbuatan abdi, aya hiji menak, anu ngolo ngajak kawin, mung ku abdi teu ditampa!”
"Seep akal anjogna lampahna jail, nerapkeun asihan, dugi ka abdi teu eling, daek nuturkeun anjeunna.”
"Guna-guna nu diterapkeun ka abdi, mustajab kacida, ngaraksuk kana jasmani, abdi teu kiat nandangan.”
”Mung panuhun abdi ulah diilari, asal ibu ama, ngahapunten diri abdi, engke ge dongkap sorangan.”
”Bebendon mah ku abdi oge katampi, mung tong lalajengan, kang Prawira mah manawi, moal ngangken pamajikan.”
"Dikumaha atuh da geus titis-tulis, abdi kieu lampah, mung mugi sami ngaksami.
Baktos abdi
pun
Permana.”
Aki Lurah-Nyai Lurah-Nyi Rohani, sanggeus maca surat, silih pencrong semu sedih, taya anu sasauran.
Tungtungna mah buruk-buruk papan jati, bear-bear wadang, rek bendu oge kasapih, kawantu ka kaponakan.