Nyi Permana jeung ibuna Nyi Rohani, dunya-ahertna, lara-pati. manis-pait. Lurah nu boga tanggungan.
Ongkoh basa adina rek mulih batin, rama Nyi Permana, wasiatna taya deui, ngan titip putra jeung garwa.
Buru laku Permana caturkeun deui, nu keur dipiputra, didama-dama dipingit, Magatru gentos tembangna.
MAGATRU
Bingah manah Juragan Demang pansiun, ningali bumi beresih, tipayun dugi ka pungkur, perhiasanana salin, Enden Cicih oge bengong.
Henteu eureun-eureun mikiran tatamu, ”Nya pinter nya berbudi, pangrasa kami teh punjul, basa sakola di Loji, jadi pangaleman Jipro!”
”Tapi naha ku embi asa kaherum, eleh getol jeung rajin, kapinteran henteu nyusul, dina sagalana ugi, kami teh ngarasa asor.”
Sering pisan Nyi Demang nyaur ka putu, ”Cicih! tenjo tuh embi! ulah sok bosen guguru, eta jalma teh binangkit, ku hidep perlu diconto.”
”Kana gawe kasar-lembut teu ngawagu, kabeh siga katangting, eyang mah sanget panuju, sagala mun beunang embi, tara aya nu teu cocog.”
”Perhiasan beunang embi tadi ngatur, estu ngahudang sari, prak-prakanana lalucu, tebih tina amboseni, henteu bosen-bosen nenjo.”
Enden Cicih nurut pisan ka pisaur, tara pisah jeung embi, runtut-rukun tunggal maksud, guguru elmuning istri, duanana sapagodos.
Kapinteran Enden Cicih nu kapungkur, ayeuna mah diganti, nulad elmu guru baru, Permana seep weweling, tina nyaahna ka alo.
Nyi Permana ku Nyai Demang pansiun, dipaksa unggal panggih, dawuhan nyebat ibu, ulah asa-asa deui, mun teu nurut sok disentor.