Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”Ulah kitu anaking kudu sing nurut, keur naon isin-isin!” Juragan Demang pon kitu, mun teu diamaan pusing, sok nyentak bari molotot.

Lami-lami Permana kapaksa nurut, diangken kulawargi, nyebat ama nyebat ibu, diengkangkeun ka Den Mantri, ka Enden Cicih ge alo.

Nyi Permana sering pisan huleng-jentul, mikiran milik diri, papisah sareng Den Tanu, asa beuki sedih ati, sok hoyong mindeng pasondong.

Sakapeung mah teu eureun-eureun sumegruk, mun taya Enden Cicih, pikir meulit ka Den Tanu, dilali-lali teu lali, dibebenjo tambah bogoh.

Lamun enggeus teu kaampeuh tuluy nyuuh, ”Duh engkang layad abdi, nu sono hoyong patepung, naha ka abdi teh lali, ieu abdi enggal waro !”'

Mun geus datang pikir diraksuk ku duyung, leos ka kebon indit, api-api mulung tanjung, sugan aya Raden Mantri, tina kikis sok ditempo.

Geus ngabaku ari sore mah ngalantung, duaan jeung Den Cicih, sakapeung Den Tanu milu, si Karimin ge teu kari, minangka jadi pangangon.

Hiji mangsa Enden Cicih misah jauh, gura-giru Raden Mantri, nyandak tangan bade ngambung, Nyi Permana gancang nyingkir, semu-semu anu sewot.

Dina manah Siti Permana teu betus, ”Nya puguh ge kami, geus teu kuat nahan gandrung, .cinta-asih ka Den Mantri, meh teu sabar nunggu tempo.”

"Kakara ge sabulan asa sataun, ku hayang geura hasil, ngahiji jeung Raden Tanu, tapi mun dijieun rujit, diupah gedong ge mogok.”

"Anggur kami ngalakonan gering nangtung, nahan cintaning ati, ti batan purun dicium, lamun acan ka masigit, anggur maot ku dipestol.”

38