Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pok miunjuk bari henteu kantun imut, mesem nu langkung manis, pangirut tatamba bendu, ”Duh Gusti panutan abdi, sembaheun di lahir-batos!”

”Panunuhun engkang ulah waka bendu, yaktosna perkawis abdi, geus teu sanggup nahan napsu, panggoda ratuning iblis, nangkod henteu lesot-lesot!”

”Abdi sumpah demi Allah demi Rasul, taya pikiran deui, ngan hoyong enggal patepung, sareng engkang mustika sih, bade nyumponan kahoyong.”

”Dipisahkeun kieu abdi mah teu sanggup, kahoyong mah ngahiji, abdi ripuh ngangon napsu, estu teu ngabibisani, lat-latan abdi mehpoho.”

”Ana nguping soanten engkang ngarungrum, pikir abdi lat lali, engkang anu langkung maklum, awewe mah leumpeuh juni, tara kiat ku pangolo.”

”Mun diolo sanubarina sok uduh, gampil sumerah diri, komo upami dirungrum, dipuji digeulis-geulis, dipundut sagala ge kop!”

”Ku hal eta mun engkang angger sok mundut, sanes nyaah ka abdi, ananging ngaracun wungkul, mun kitu abdi mah alim, anggur wangsul ka rorompok!”

”Da di dieu oge ngaraos teu puguh, anggur nambahan runtik, gaduh panuhun ge atuh, boroampar teuing hasil, disanggupan ge ngan omong.”

”Bujeng-bujeng ku ditohonan panuhun, emut ge duka teuing, da tawisna geuning kitu, mun tepang teras ngurihit, kana samoya lat poho!”

Cek Den Tanu, ”Eulis ulah waka pundung, engkang mo deui-deui, gaduh kalakuan kitu, mangga ka bumi geus magrib !”

Magatru gentos ku Sinom.

39