Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

SINOM

Lumenyap hate sumeblak, asa sararedih teuing, ceples dina pangimpian, ningal kuwung-kuwung ngelir, melengkung ngukur langit, alam katingalna alum, ceudeum kawas nu susah, angin leutik ngahiliwir, nyecep tiis karaos matak baluas.

Paingan atuh paingan, hate teu beunang dipaling, riab para menak-menak, karucem siga prihatin, nu ningal menak-kuring, nu teu terangeun mah bingung, tataros ka nu liwat, "Eh, mang aya naon geuning, menak-menak angkat ngulon rek ka mana?"

"Itu deui sigana mah, Den Tanu jeung si Karimin, cik Suma, tanya ka dinya, api-api tong kaciri !" Suma geus balik deui, cacarita bari gugup, pokna, "Atuh paingan, panyariosan pun Eming, tadi enjing pun Dulkarim tilar dunya."

Ngahuleng dunungan Suma, pokna teh, "Inna lillahi! rek susah oge paingan, menak-menak eusi nagri, kawantu ki Dulkarim, dukun lepus geus kamashur, manjur asihanana, nu ngaran si Kukuk-mudik, pamuntangan para putra-putra menak.

Tunda nu keur sasauran, brul ngabrul budak laleutik, susurakan mapay jalan, ngaromong bari sareuri, anu diiring-iring, hiji jalma dikukudung, pantes mun jalma owah, busik-rudin kotor rupi, baju samping soeh kotor hina pisan.

Ku barudak disurakan, diarak diiring-iring, bari pada ngaheureuyan, aya nu noel nu narik, tapi teu dipaduli, jongjon leumpang bae terus, ulatna semu susah, budak mah henteu ditolih, ceples pisan jalma nu kurang saeundan.

Atuh da sumuhun pisan, henteu lepat anu naksir, memang eta jalma owah, nu disebat edan-eling, kaelingan nu leungit, nu leungit dibawa batur, panganten anyar nikah, acan tepung sareng rabi, nu istrina aya anu mawa minggat.

Jalma-jalma kabeh heran, ku polah panganten istri, ari disebut teu cinta, atuh da geus silih asih, malah enggeus maparin, tanda mata anu alus, hiji karembong sutra, sutra wilis anu resmi, ku nu owah diharudumkeun harita.

40