Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mas Prawira barang ngeng ge nguping, kecap: ieu abdi pun Permana, geureuha engkang nu lolos! harita rap ngarawu, Nyi Permana pon kitu deui, patatangkeup duaan, bari silih ambung, harita datangna ilham, Mas Prawira inget sabiasa deui, cageur dadak sakala.

Nyi Permana langkung bingah ati, anu henteu aya papadana, reh diaku deui bojo, Mas Prawira pon kitu, reh bojona kapanggih deui! Kebatkeun cariosna, Enden Cicih anu, ningali ti katebihan, semu kaget ningal kalakuan embi, ngarangkulan nu owah.

Ngan lelerna manah Enden Cicih, barang nguping sasambat embina, tetela ngangken caroge, Enden Cicih nunuhun, "Mugi emang tong waka sumping, samemeh ieu nyingkah,da geus tangtu tarung, mun kasampak ku emang mah, moal gagal salah sahiji mah pasti, aya anu cilaka !”

Nyi Permana sareng Enden Cicih, Mas Prawira ngiringkeun ti tukang, enggeus marulih ti kebon, ngadareuheus ka payun, Nyi Permana nyembah gek calik, ti pungkur Mas Prawira, Permana miunjuk, “Agung duduka gamparan, mugi henteu jadi renguing panggalih, ka abdi jalma hina.”

"Ieu jalma kekere nu rudin, katelahna wasta pun Prawira, salaki abdi sayaktos, anu dikantun kabur, sapanilar abdi prihatin! dugi ka jadi owah, lantaran nguluwut, ayeuna ieu nyusulan, ngajak wangsul ku margi eta sim abdi, pamit sumeja mulang.”

"Sembah rewu-rewu nuhun abdi, anu moal lali salamina, sanaos dugi ka maot, kana sihing pitulung, kaweningan manah nu suci, ngajagi karujitan, anu sanget kukuh, taya pikecapeunana, jisim abdi tumarima males asih, mung pasrah ka Pangeran.”

"Mugi-mugi Gusti Maha Suci, mangmaleskeun kasaean manah, ti lahir dugi ka batos, ginanjar ku Yang Agung, tebih lara caket rejeki, sinareng kasugengan, sakiti panuhun!" Juragan Demang lahirna, "Mungguh Ama Ngan jumurung taya deui, rek nahan moal bisa!"

"Jeung panuhun ka salaki Nyai, Mas Prawira sing gede timbangan, puguh ge dosa mah gede, mungguh ki Mantri Ulu, tapi poma sing lantip mikir, inget ka tutulisan, da geus katalanjur, lain kula pedah anak, ki Mantri teh henteu salah-salah teuing, pantes yen tetekadan."

43