"Ngabelaan anu taya tanding, Nyi Permana mustika wanita, lamun kula ngora keneh, najan kudu digantung, dilakonan asal kamilik, saha jalma nu kuat, bisa nahan napsu, lamun nenjo Nyi Permana, mun teu gelo tumpangan ge kula wani, tangtu kula nu meunang.”
"Dina pikir kula teh pinasti, lain bae ki Tanu sorangan, nu bogoh ka Permana teh, tangtu mangpuluh-puluh, ku hal eta sing ati-ati, ngaraksa-ngajagana, ulah weya Agus!” Mas Prawita ngawalonan, "Nuhun pisan piwulang Jangkung katampi, sareng jabi ti eta.”
"Hatur sembah nuhun jisim abdi, ka gamparan sakaulawarga, wirehing iew pun bojo, dua sasih dikukut, dipiputra dipusti-pusti, disuhunkeun halalna!” Ki Demang ngawangsul, ”Insya Allah halal pisan, da Permana di dieuna ge teu cicing, digawe sabiasa.”’
Sanggeus salse anu pararamit, Nyi Permana munjung ka sadaya, beberes ngentep panganggo, diteundeun kana kimpul, geus tarapti unjukan deui, ”Nyuhunkeun sih hibarna, mama miwah ibu, mugi aya pangampura, samudaya kalepatan jisim abdi, di lebet dua bulan.”
“Kitu deui ka Enden nu geulis, alo embi nu beresih manah, neda hapunten embi teh, sareng embi nunuhun, carioskeun ka Raden Mantri, teu tiasa ngantosan, jalaran rarusuh, haturkeun sembah pertobat, samukawis kalepatan diri embi, nyuhunkeun hapuntenna.”
"Ema babu sareng ema koki, kuring neda suka jeung lilahna, tilas heureuy tilas banyol, nitah mah puguh-puguh, ayeuna teh kaula pamit, ka ema ka barudak, rek mulang ka lembur!” Koki babu cipanonan, Juragan Demang pansiun oge nangis, kasmaran ka nu mulang.
ASMARANDANA
Prihatin anu rek mulih, kasmaran anu ditilar, wantu abot pada abot, Enden Cicih dedengekan, nangis bari muntangan, Siti Permana pon kitu, Enden Cicih sasambatna,
"Aduh embi! aduh embi! ka abdi parantos tega, kumaha atuh abdi teh? ditilar ku embi mulang, abdi ulin jeung saha? Poma embi masing emut, ka abdi anu ditilar !”