”Sanaos prantos patebih, ka abdi ulah rek hilap, nyeratan mah ulah poho, sanes ngomong pangoloan, nineung pisan papisah, parantos asa ka indung, puguh ngaraos guru mah.”
Siti Permana ngalahir, ”Enden ulah alit manah, sanaos patebih oge, ka Eulis moal rek hilap, emut salalamina, dumugi ka dug ka kubur, malah dugi ka kiamat.”
”Eujeuh Eulis ulah nangis, cik ningal eta panangan, ieu cingcin mangga anggo, lumayan keur tawis soca, sanaos teu upama, mung baris pangemut-ngemut!” Enden Cicih ngawalonan,
”Nuhun sih piwelas embi, ka abdi tawis mianak, abdi oge hamo supe, dugi ka alam aherat!” Enden Cicih top nyandak, tusuk sanggul mata jambrud, dipasihkeun ka Permana.
”Ieu kagegelan abdi, sanaos awon rupina, nanging tawis cinta hate, bersih wening salamina, ieu cingcin pasihan, bade dibantun ka kubur, da tresna ka nu merena.”
Geus cacap nu silih asih, Permana katut Prawira, duaan geus sami mios, parantos medal ti kota! Nyai Demang midangdam, ”Kaduhung sagede gunung, mun nyaho pikieueun mah!”
”Henteu jadi ka ki Mantri, cadu tujuh paturunan, kami sasapaan daek, ngingu miasih-mianak, ka heman-heman basa, boro sina nyebut ibu, ngalelebar harkat awak!”
Enden Cicih mah sayakti, asih taya pangarahan, estu terus kana hate, cinta anu saenyana, dipake kacapangan, lamun ngawangkong jeung batur, dijieun ayat omongan.
Anu mulih enggeus tebih, teu towong dilalajoan, saperti tongtonan bae, Permana nyaur ka raka, bari nyandak tanganna, nu lucu teu kantun imut, pokna, ”Engkang nyawa ingwang.”
”Keur dina emutan abdi, mun terus ka dieu jalan, tangtos engke teh pasondong, sareng nu mulih ngalayad, kantenan pisan engkang, engke tarung jeung Den Tanu, moal kenging dihalangan.”
”Anggur mapay jalan alit, ieu ti dieu nyimpangna, anu brasna ka Cikaso, ngarah deukeut saperkara, kadua perkarana, jalan ka dieu mah iuh, katilu nyingkahan bahla !”