Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Prawira munggah ngagidir, ngadangu omong Permana, ”Naha dikinten ku Eneng, engkang sieun ku si Eta? ulah bon ngan saurang, sanajan sapuluh Tanu, bet moal make sasambat !”

”Bareto oge keur maling, lamun nyaho si Eta mah, ku engkang tangtu diontrog, diteang ka gogobrogna, moal teu dibakakak, ditalikung-ditambalung, digegecok babatokna.”

”Ulah risi ulah gimir, Eulis ulah rempan manah, cadu engkang hamo kawon, lamun tarung jeung si Eta, abenkeun bobotohan, najan engkang awak kuru, tulang mah acan barobah.”

Permana ngawalon deui, ”Ari engkang ku kituna, mugi ulah lepat ngartos, kenging mah atuh kantenan, engkang tarung jeung Eta, kawon dedeg kawon pangguh, kawon sagala-galana.”

“Abdi mah kalangkung risi, ahir pitemaheunana, sanes bisi engkang kawon, kawantos anu gelut mah, duanana ge lepat, nu kenging teu jadi untung, nu kawon mah sumawonna.”

”Upanten Itu nu kenging, engkang nu nandang cilaka, najan teu dugi ka maot, ruksak mah kantenan pisan, urang nu kantun sesah, ka rumah sakit mah kudu, jeung abdi kantenan pisah.”

”Heug mun dipareng ku Gusti, engkang dipasihan jaya, Raden Tanu anu kawon, komo mun dugi ka ajal, engkang meureun dibuang, apesna pisan digantung, dibui mah moal gagal.”

”Sumangga ayeuna galih, kenging kawon ge urang mah, angger kedah pisah bae, sedeng abdi saestuna, mun pisah sareng engkang, ti serek ieu ka payun, sayaktos moal kaduga.”

”Mending abdi bunuh diri, tinimbang pisah deui mah, teu kiat nandang wirangrong !”” Pinterna Siti Permana, ngomongan salakina, bari ngarangkul ngok ngambung, semu deudeuh siga nyaah.

Prawira ngalahir manis, ”Duh mirah mustika engkang, bagja temenan engkang teh, dijodokeun ka salira, moal nyondong bangsana, untung ku dua ku tilu, kumaha rek teu bungahna.”

”Keur geulis bari berbudi, nya pinter rea kabisa, segala aturan nyaho, tetela istri binekas, rea paham luangnya, punjul elmu tur linubung, engkang rumaos dibawah.”

46