Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 ”Ngiring kana kersa Eulis, sumangga urang nyarimpang!” Siti Permana dikaleng, jauh cunduk anggang datang, ka Cikaso darongkap, kaleresan prok patepung, jeung Miun Carik ramana

 Mas Prawira pok ngalahir, "Kang Miun mulang ti heula, poma masing age-age, pek carioskeun ka bapa, sareng ka sadayana, sugri nu mangkuk di lembur, yen kuring jeung Nana datang !”

 Ti Cikaso mah teu tebih, kinten-kinten saprapat pal, ka simpangan Cigereleng, Miun datang pok unjukan, sakumaha pesenan, kaleresan keur karumpul, rek neangan Mas Prawira.

 Kabeh sami bingah ati, tampa beja yen Prawira, jeung Permana geus pasondong, sadaya pada darangdan, hayang geura ningalan, ka panganten nu tas kabur, komo lebah Rohani mah.

 Pahibut pameget-istri, sasadiaan rek mapag, nu ti payun mama Lebe, mama Bihi jeung Ngalambang, Raksabumi-Kapala, haji-haji milu rusuh, henteu inget make sorban.

 Prawira kadua istri, dijajapkeun ku wargina, awit ti Cikaso keneh, geus amprok jeung anu mapag, rame anu sarurak, di jalan moal dicatur, geus datang ka kalurahan.

 Marunjungan ka nu halir, ka sepuh pon ka mertua, Siti Permana barang prok, ngarangkulan ka ibuna, midangdam totobatan, ”Tobat ibu ! tobat ibu!” Les teu emut kapiuhan.

 Teu lami Permana eling, geus salse anu munjungan, saur Lurah Cigereleng, ”Samemehna dadaharan, coba nyarita heula, keur Nana dibawa kabur, da mama mah heran pisan.”

 ”Bet kawas dibawa iblis, taya nu bisa mendakan, sakitu disaksrakna teh !” Celengkeung panyawah Lurah, tatalapung unjukan, urang Cikaso ki Adul, pokna, ”Abdi mah ningalan !”

 ”Wengi eta basa jagi, kemit di jondol nu wetan, lar liwat hiji awewe, gadagna ceples Neng Nana, diiringkeun harita, ku Juragan Mantri-Ulu, si Eming nu ti tukangna.”

 ”Kantos dihordah ku abdi, ditempo bari ditanya, ari sanggem pun Eming teh, ”Den Mantri sareng alona, Endan Cicih tas ningal!” Ku abdi henteu diganggu, nu lolos angkatna gancang !”

Waw, Siti Permana
47
5