LAMBANG
Mangsa asa matak waas, wararaas kana manah, manah gan Jakalalana, panas taya papadana.
Panyana bakal laksana, laksana sakahayangna, barang datang kadar Allah, kakara ngarasa lara.
Nalangsa nyandang barangta, cacak kasangka awalna, nyana bakal kababaran, aya jalma panasaran.
Datang ka mawa parawan, sasapaan Agan angkat, angkat-angkatan ngalayad, asa taya mangpaatna.
Ana jalma lampah salah, sanajan rasana gagah, tabah ka akal jawara, pangrasa taya lawanna.
Naha barang datang kadar, ganjaran Maha Kawasa, ngajar jalma atah warah, najan gandang najan gagah.
Taya sakara-karana, da Allah Maha Kawasa, apan nyata aya basa,sapa kang ala katara.
Nyata bakal nyandang lara, najan kakara awalna, karaksa sagala bahia, Allah mah taya samarna.
Kana kasalahan jalma, jalma mah tara kawasa, tah tandana Agan Jaka, ngamamaha sabda rama.
Lampahna salalawasna, ngan ngalanggar kana sara, larangan Allah Ta’ala, ganjaranana sangsara.
Agan Jaka datang manah, panasaran ka Permana, gancangna nyandak kalamna, ngarang nawala panglamar.
Malah mandar aya nyaah, mamanahanna Permana, maksadna ajang nambaan, manah brangta samagaha.
Panakawanana gancang, mangkat ngajayak nawala, alamatna jang Permana, lampahna mah cara adat.
Tara kasampak katara, dasar tabah akal bangsat, mangkatna wayah ngarangsang, bada asar mawa jawab.