Agan Jaka babaksaan, saacan maca jawab mah, manahna asa katampa, barang maca mah kakara.
Ngarasa nalangsa manah, karana jawab Permana, ”Agan tambana mah gampang, mangga ngadahar warangan.”
Manahna Jakalalana, barang tamat maca layang, amarahna tambah-tambah, samat yasa katambaan.
Asa-asa bakal gancang, angkat ka alam Sawarga, atawana ka Naraka, lantaran was samar rasa.
Sanajan batal mangkatna, Gan Jaka ka alam baka, ngan pangrasa mah asana, samar kana yasa damang.
Da manahna ngarakacak, acak-acakan basana, cara basa jalma sasar, nyambatna ngan ka Permana.
Tara nyabat mama-bapa, tara nyambat ka baraya, gadagna cara jawara, ka saha-saha ngan gakang.
Tara aya tata-basa, cara jalma sasar akal, sajamahat tara dahar, dada ragas cara gambang.
Ramana nalangsa manah, ngawas-ngawas lampah anak, jalaranana kasasar, baha ka papatah rama.
Ganjaranana karasa! najan Lambang acan panjang, paragat datang ka pada, da kawalahan ngarangna.
SINOM
Sinom malikan carita, nu nembe ditunda geuning, Permana sareng Prawira, nu keur sanget bingah ati, wireh bisa papanggih, raos kagunturan madu, maksad sepah-sepahna, bade diramekeun deui, panasaran bareto kabujeng minggat.
Nyi Rohani ngadeukeutan, ka Permana bari nangis, pok nanya kieu lahirna, "Nana kumaha kiwari, naha rek minggat deui? ngawiwirang sepuh-sepuh, mun rek kitu deui, ema heula atuh peuncit, teu kaduga nenjo deui tingkah nirca!”