”Apan basa Nana minggat, ema beak karep. isin, dina wiwilanganana, najan ema jalma miskin, diburuhan ku duit, sarewu ringgit teu sanggup! Isin-wirang tur hina, boga anak lampah rujit, ngan hadena dijaga ku Nu Kawasa!”
Nyi Permana ngawalonan, ”Ema ontong melang teuing! abdi sumpah ka Pangeran, demi Allah demi Nabi, lamun kasorang deui, kagoda cara kapungkur, kenging ku kemat setan, henteu emut ka salaki, tangtos abdi enggal haturan ka ema.”
”Upami era haturan, tangtos abdi bunuh diri, abdi jangji ka Pangeran, saupami diri abdi, patapel jeung lalaki, anu maksadna salingkuh, kasebat lampah jinah, tur karujukan ku abdi, mugi ulah dipasihan kasalametan!” ......
Ayeuna mah kariaan, sanes di bumi Rohani ditangkes di kalurahan, panganten disangling deui, sabisa nu galib, diparasan dicecentung, diurus salirana, nganggo diboboreh kunir, siang-wengi dikasayan-diwedakan.
Ninggang dina mustarina, beunang ngetang para alim, bulan Rewah katomperna, lilikuran malem Kemis, panganten jaler-istri, makena geus sarwa alus, anggon kapangantenan, prung diiring saparanti, anu ngiring pagandang-gandang maridang.
Henteu perlu ditataan, papakean anu ngiring, moal beda saciptaan, lalaki marake dasi, jasna meureun gabardin, calanana saput kayu, rea nu make lancar, bendo citak anu limit, hayang tambah gandang make kaca mata.
Panganggo istri-istri mah kutang poplin kaway paris, sareng salian ti eta, sinjang gejed make jepit, estu paginding-ginding, selop jengke sanggul Bandung, salindang tila nyacas, saputanganna pantasi. Barudak mah henteu ngurus papakean.
Anu keur iring-iringan, teu diwincik hiji-hiji, moal beda sakumaha, jeung nu biasa kapanggih, panganten geus ka bumi, disawer seug buka pintu, huap-lingkung dipacar, talari sepuh bihari, dipetakeun henteu aya nu kaliwat ........