Ieu kaca geus divalidasi
ASMARANDANA
- Ibnu Hasan ati-ati, unggal poe ngaos kur'an, selang-selang naon bae, saniskanten padamelan, sakur anu kadada, taya pisan nu kalarung, padamelan di guruna.
- Taya menit nu mubadir, taya jam anu kaliwat, dianggo ikhtiar bae, damel lemes damel badag, dihantem ditumanan, hanteu embung nya guguru, hanteu era nya tatanya.
- Sakapeung mah sok pelesir, sok nyaba ka patukangan, ningal peta baranggawe, diawaskeun enya-enya, peta hiji-hijina, tukang tembok tukang kayu, paledang reujeung kamasan.
- Jeung sejen-sejenna deui, eta kabeh diguruan, kana ngaji henteu paler, taya pisan kacapena, kana sagala pana, tara ngadaweung teu puguh, kana waktu leuwih nyaah.
- Alah batan kana duwit, sare oge diukuran, ngan tujuh jam tara geseh, kawit ti tabuh salapan, nepi ka tabuh opat, seug ka cai buru-buru, sanggeus siram jig ka langgar.
- Tutup netepan pek ngaji, keur suhud tambah calakan, bray beurang neangan gawe, mun teu aya di ajengan, nulung-nulung tatangga, kana babad ngored macul, teu pisan mambrih diupah.
- Pamolahna murangkalih, pantes pisan diturutan, ulah jeleh kana gawe, ulah bosen nya diajar, sangkan akhirnya mulya, teu ngawagu kana macul, teu gagal ngulangkeun rimbas.
- Ku lantaran murangkalih, kitu lampah jeung pamolah, jalma pada asih kabeh, tatangga pada nyaraah, sumawon guruna mah, ngawurukna sungguh-sungguh, teu pisan dianggo wegah.
- Lantaran loba nu asih, di pasantren tambah betah, diajarna tambah jongjon, katambah-tambah calakan, teu matak jadi sungkan, ngaos tambah-tambah junun, genep bulan tamat kur'an.
- Hiji mangsa lohor akhir, Ibnu Hasan keur di jalan, papanggih jeung ngaran Saleh, budak mentas ti sakola. Ibnu Hasan
19