Ieu kaca geus divalidasi
- Mung abdi mah sanes kitu, emutan jadi tibalik, era temenan ku kanca, lamun ama geus lastari, dimana geus tilar dunya, banda teh tamplok ka abdi.
- Kari-kari teu kaurus, da kurang patiti surti, akhir-akhir seep banda, boro-boro tambih deui, didinya katawis pisan, kabodoan jisim abdi.
- Sanes jadi tambah mashur, asal anak jalma sugih, kedah ngajadi nangkoda, kitu emutan sim abdi, da modal mah prantos aya, ngan kantun neraskeun badis.
- Putra pangkat pon nya kitu, ti rama tong boro leuwih, atuh satiap mapakan, moal jadi lingsem teuing, kuma ari moreat mah, ibarat putra papatih.
- Jadi nadah titah batur, eta cek emutan abdi, hina alah batan somah, nu kawas anak pangiring, da eta mah taya modal, teu hina ngagandek deui.
- Kana pacul moal wagu, kuli-kuli mowal isin, najan mundak ge teu era, da asal ge anak kuring, mun kirang harkat teu ngewa, sanajan jadi pangarit.
- Tah emutan abdi kitu, upami teu tambih sugih, era temen ku tatangga, kawentar ka sanes nagri, sumawonten ka baraya, disebat si kurang budi,”
- Ajengan barang ngadangu, piunjukna murangkalih, gumujeng wani ngagakgak, ”naha bet teu nyana teuing, manahoreng Ibnu Hasan, leuwih ti sakabeh santri.
- Ama sarewu jumurung, samalah itu pangiring, kudu bawa babarengan, ulah pisan sina kari, perkara ka guruna mah, keun ama nu hatur warti.”
- Kocapkeun bae geus isuk. Ibnu Hasan geus mimiti, asup ka jero iskola, ku guruna geus ditampi, suhud pisan diajarnya, ku guru dipikaasih.
- Ku baturna dipilucu, taya pisan anu ijid, loba anu ngawawuhan, pada resep pada asih, beuki tambah-tambah sobat,21