Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Syekh Ibnu Hasan - Puradinata.djvu/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    anu gede anu leutik.
  1. Lilana ngan tilu tahun, kabeh pangajaran ngarti, geus kaluwar meunang surat, piagem nawiskeun rajin, enggeus tutup pangajaran, ditawis kapala nagri.
  2. Tapi manah tacan tutug, tacan pisan raos galih, tuluy deui sakolana, nu luhur leuwih titadi, kitu bae satuluyna, Teu bosen nyiar pangarti.
  3. Lamina hanteu kacatur, masantren di nagri Masir, sakabeh enggeus kajajah, unggal pasantren diungsi, unggal sakola diteang, diajar nepi ka ngarti.
  4. Kocap Mairin Mairun, ngiring-ngiring enggeus pusing, tungtungna amitan mulang, ”abdi geus teu kiat teuing, hayang gaduh pamajikan, abong enggeus gede teuing.”
  5. Ku Ibnu Hasan diwangsul: “Nya hade bae silaing, lamun enggeus hayang mulang, urus-urus geusan indit, dewek mah da masih betah, tacan puas nyiar 'ilmi.
  6. Haturkeun ka rama-ibu, dewek mowal wara balik, nyanggakeun salam jeung hormat, mugi ulah jadi galih, dewek arek teterusan, nyaba ka nagara Turki.”
  7. Gandek duwa unjuk hatur: ”Sumangga abdi wawarti, unjukan ka ibu-rama, mung nyuhunkeun hibar sidi, [1] mugi salamet dijalan, ulah pendak jeung balai.”
  8. Enggal Mairin Mairun, mulang ti nagara Mesir, hanteu kocap di jalanna, ka nagri Bagdad geus nepi, seug ngadeuheus ka Syekh Hasan, sumeja hatur tinggali.
  9. Syekh Hasan kaget ngaranjug, ningal Mairun Mairin, ”kamana ari si ujang, kami mah teu ngarti teuing, jeung maneh teu bareng mulang, cik carita anu sidik.”
  10. Gandek duwa unjuk hatur, ”kabeh-kabeh jisim abdi, nyanggakeun bebendu tuwan, nu mawi teu sareng mulih, putra

 
  1. basa Arab hartina "Juragan kuring."
22