Ieu kaca geus divalidasi
- Geus aya payuneun rama, matak kaget matak pangling, Ibnu Hasan geus jajaka, bosongot segut tur singit rama teu pisan eling, tidinya seug tuluy nyaur: ”Naha agus teh saha? ti mana nya tuwang bumi, geura mangga carita nu saceplakna.”
- Ibnu Hasan cedok nyembah, tungkul bari imut leutik, arek wakca rada era, Syekh Hasan pok nyaur deui: ”Naha agus bet seuri?, cik geura hempek cacatur,” Ibnu Hasan seg wakca: ”Apan ieu jisim abdi, putra ama wasta Ibnu Hasan tea.”
- Syekh Hasan geus hanteu kiat, ku bawaning suka galih, lali di kaperyogian, gabrug ngarontok jeung nangis, Nyi sudagar jol sumping, putrana dirontok gabrug, paungku-ungku tiluan, sili rangkul bari nangis, kira-kira lamina sapanyeupahan.
- Sanggeus leler sadayana, Syekh sudagar lajeng calik, dina bangku parantina. Nyi sudagar kitu deui, tuluy pada ngalahir: ”Cik agus geura cacatur, ku hayang geura terang,” Ibnu Hasan pok wawarti, gemet pisan teu aya anu kaliwat.
- Ditanggap ku ibu-rama, cariyos tetes patitis, perlente taya kakuna, matak resep anu nguping, sepuh sareneng galih, ngarungu putra cacatur, gumujeng pipingkelan, tina banget suka galih, anu nanggap teu aya pisan bosenna.
- Ibuna lajeng ngandika, geus agus tong panjang teuing, geura barangdahar heula, hayang temen ti tatadi, isuk tuluykeun deui, di payuneun para tamu, sab isuk urang nadar, ngondang kabeh para alim, menak-menak sarawuh para sudagar.
- Ari dawuhan ramana, bener Agus engke deui, payuneun para Sudagar, para menak para alim, supaya resmi galih, sadaya para tatamu, isuk orang cucurak meuncit gibas, [1] sarta sapi, nyieun kuzi [2] sambusa[3] reujeung musabbak[4].
_________________
- ↑ Domba, buntutna gede cara pangarih, pinuh ku gajih
- ↑ Opor domba, beuteungna dieusian sangu, samarana kawas sambara tumpeng atawa punar; lamun hajat make kuzi, eta di tanah Arab mah cingcirining hajat gede.
- ↑ Pastel, dina hajat-hajatan (di tanah Arab) teu meunang euweuh.
- ↑ Cara madu, dina sagala isdekah (di tanah Arab) teu meunang euweuh.
25