Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Syekh Ibnu Hasan - Puradinata.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ama tina banget bungah, nuhun ka Gusti Nu Suci, geus maparin kanugrahan, nu taya hinggana deui, hamo bisa kabanding, najan dibanding jeung gunung, gede kabungah ama, ningal Agus geus berbudi, geus sampurna Agus dina kapinteran,
  2. Ngan ama arek wasiat, nambah budi jeung pamilih, teu matak ridu mamawa, sing bisa ngajaga diri, poma ulah kumaki, sumawon lamun takabur, pedah geus panjang lengkah, boga pikir ieu aing, adat lanyap ngahina ka pada jalma.
  3. Sakitu wewekas ama, coba pikir sing kaharti, sarap-surup kana rasa, pikir panjang bulak-balik, gunakeun elmu tadi, sing nyaho gawena elmu, geusan ngaraksa badan, ulah pinanggih jeung nyeri, mun takabur elmu teh jadi baruwang.”
  4. Ibnu Hasan ngawalonan: ”Mugi bae ka Yang Widi, jisim abdi sing tiasa, ngaraksa diri pribadi, diteda taya deui, ngan jiad pandu’a sepuh, elmu masing manfaat, nyalametkeun kana diri, ulah dongkap ka wani ngahina jalma.”
  5. Caturkeun deui isukna, jalma geus pada pabuwis, sadia baris sidekah, meuncit gibas meuncit sapi, wantu sudagar sugih, seueur rahayat nu nulung, geus teu kudu ngahiras, katuwangan kitu deui, geus ngahunyud kuweh-kuweh nu diblekan.
  6. Teu lami enggeus sadia, kadaharan warni-warni, kitu deui ondang-ondang, ngaturanan para alim, sumawonna priyayi, anu deukeut anu jauh, sudagar jeung nangkoda, sadayeuh Bagdad dikerid, ditungkebkeun pada dilalungsur tuwang.
  7. Geus sumping para ondangan, teu pisan aya nu kari, sawewengkon dayeuh Bagdad, samalah Patih nagari, ponggawa para mantri, Naib Khalipah Panghulu, enggeus sami lalenggah, beres baris dina korsi, ngepung meja katuwangan rupa-rupa.
  8. Ngadeg Syekh Sudagar Hasan, di payuneun nu lalinggih, digedengeunana putra, nyaur sakalangkung manis, bari ka tamu malik, ”anu mawi dilulungsur, dihaturan tuwang, gaduh nadar mung saeutik, nuhun pisan sami kareresa lenggah.
  9. Kuring anu mawi nadar, tina banget bingah ati, sukur ka
26