Ieu kaca geus divalidasi
- ngagalih, jalan ngalilipur manah, bubuhan anu binangkit, teu lami enggeus kamanah, jalan keur nyenangkeun pikir.
- Arek ngadamel tatarub, kalangenan sisi pasir, anu lega titingalan, nu plung-plong kamana-mendi, abong henteu kurang sarat, sakeudeung enggeus ngajadi.
- Patamanan sisi gunung, gedongna direnggi-renggi, niru rupa-rupa kembang, aareuyan ting bareulit, tihang dibubut ditatah, diatur diluwis-luwis.
- Lotengna kenca-katuhu, kaca sakuriling bungking, hateupna ku ubin bodas, sarigrig jandela beusi, bangkolna ku sutra kembang, katingalna sari manis.
- Di payunna alun-alun, pinuh kembang rupi-rupi, diatur make bunderan, regreg pot kembang sareungit, pot kembang buatan Jepang, anu hejo anu gading.
- Teu kudu panjang dicatur, kocap Ibnu Hasan deui, sanggeus beres patamanan, tidinya tuluy ngaralih, kerid peuti jeung ibuna, rencang-rencang sami ngiring.
- Ari gedong anu mangkuk, nu kantun di jero nagri, titilar tuwang ramana, dieusi ku hiji wargi, nu jadi kapercayaan, nu nuluykeun juwal-beuli.
- Ibnu Hasan sanggeus matuh, bebetah di taman sari, raos mamanahanana, kabangbrangkeun ku karesmi, hanteu petot ngarereka, nambahan kabetah ati.
- Sering pelesir ka gunung, bubujeng mencek jeung walik, sukan sukan barang-tuwang, seueur rencang anu ngiring, ngariyung balakecrakan, rencang-rencang suka ati.
- Di gunung ngadamel panggung, palalangon tempat niis, di hareupna kebon kembang, kembang anu sarareungit, loba manuk nu nyeuseupan, disarada ting caricit.
- Bangbara pating hariyung, nyareuseupan sari-sari, madu tina kakembangan angin leutik ngahiliwir, matak bungah anu aya, dina panggung raos niis.
31