Ieu kaca geus divalidasi
- Mabek ruum kembang arum, wuwuh bungah kana galih, matak kelar titingalan, plung-plong ka mana ka mendi, marakbak nagara Bagdad, gedong-gedong katingali.
- Ibnu Hasan lajeng emut, waktu masantren di Mesir, ting sareblak mamanahan, eling keur waktu di Turki, keur ngajajah alam dunya, ngubeng neangan pangarti.
- Kana elmu beuki kukuh, ka pangarti tambah gemi, ras emut waktu nyiarna, balangsak sangsara leuwih, ibadahna beuki tambah, ka nu miskin tambah asih.
- Kocap dina hiji waktu, Ibnu Hasan keur di bumi, jol aya semah nu datang, legeg lebe budi santri, bari ngelek-ngelek kitab, sarta hanteu porot dikir,
- Umur kira tengah tuwuh, hade ulat jeung parangi, barang jol teh uluk salam, diwalonan ku pribumi, sarta tuluy sasalaman, tidinya gek semah calik.
- Ibnu Hasan naros tuluy, ti mana nya tuwang bumi, kula asa nembe pendak, jeung saha tuwang kakasih, nu ditaros ngawalonan, mere semu leuwih manis.
- Manawi percanten kalbu, ka diri kuring nu dlaip, lembur kula tebih pisan, lalakon sapuluh wengi, tas wangsul ti dayeuh Bagdad, jarah-jarah ti kiyai.
- Biasana nu nyarebut, ka kula pun Kamarudin, sinareng aya berekah, teu pati sesah ku rez’ki, bet loba jalma nu nyaah, ka nu sakieu nya laip.
- Damel kula jadi guru, ngawuruk barudak ngaji, mung hanteu ari bisa mah, ngan kareukeuh santri-santri, marenta dipapatahan, hanteu petot siang-wengi.
- Ibnu Hasan ngagelenyu, ngarungu anu wawatti, jeung nyaur di jero manah, ieu jalma geus kaharti, kahayangna diguruan, tayoh tukang ngagiringsing,
- Tidinya seug tuluy nyaur, asa kabeneran teuing, eukeur mah kula teh hayang, ngadeuheus ka para alim, mangka ayeuna
32