Ieu kaca geus divalidasi
- al-Rasyid, kaluwar ti kraton nyamur, kaduwa Meralaya, deukeut magrib geus cunduk ka nu di maksud, geus tepang jeung Ibnu Hasan, budina kalangkung manis.
- Tuluy bae uluk salam, cek Ki Hasan: ’’Sampean di mana bumi, kawas-kawas anu jauh?” Walonan Kangjeng Sultan: Puguh pisan imah kula estu jauh, banjar karang pamidangan, nagara Kairu’l-Mesir.”
- Naros deui Ibnu Hasan: ”Na di mana pikersaeun anjeun meuting?” Anu dipriksa ngawangsul: ”Duka teuing di mana, puguh kula teu gaduh pisan kawawuh, kula estu kasesahan, lumaku kapegat burit.”
- Ibnu Hasan liwat bungah, tuluy matur: ”Upami taya wargi, nu baris diburu-buru, ditu bae di kula, aya tempat paragi nu tanggung laku, lumayan tamba teu aya, mangga ku kula diiring.”
- Ngawalonan Kai semah: ’’Atuh nuhun lamun aya citangis, ka kaula kersa nulung, anu kapalang lampah, puji nuhun kabungahan rebu-rebu, henteu aya papadana, anging Allah nu tingali.”
- Lajeng bae Kangjeng Sultan, katut Amir kKapala askar ngiring, ku Ibnu Hasan dibantun, dipernahkeun di robat, ti sagekna dihormat. kalangkung-langkung, nyata sakumaha beja, teu pisan geseh saecutik.
- Raja langkung hemeng manah, ngaraoskeun kahormatanna pribumi, nyaur salebeting kalbu: ieu naon maksudna, boa enya ieu jalma tukang nipu, cara nu jaman baheula, Abdul-Karim urang Mesir.
- Sabada netepan isa, Ibnu Hasan jeung tamu pada linggih, di robat papayun-payun, ku Raja dipariksa, rupi-rupi kaanehan nagri batur, nu ku Hasan geus kasaba, nya eta Mesir jeung Turki.
- Ki Hasan nu bijaksana, ngawalonan sapamariksa Gusti, perlente matak kayungyun, teu aya kuciwana, kangjeng Sultan
42