Ieu kaca geus divalidasi
- muji salebeting kalbu: bener sakumaha beja, Ibnu Hasan estu ngarti.
- Tutup crios kaanehan, gentos deui ku pasai tata-titi, kasampurnaaning hirup, jeung papakem nagara, kawajiban mungguh nu jumeneng Ratu, panata ngeuyeuk nagara, ngamajukeun abdi-abdi.
- Tamat carios hal eta, gentos deui ku elmu usul pakih, elmu nahu jeung tasauf, elmu tani jeung dagang, rame pisan anu paben ngadu elmu, dasar sami pada tatag, teu kurang sawiji-wiji.
- 'Jeng Sultan kaget manahna, ngamanahan kapin- teran pribumi, wet terang sagala elmu, taya naker kakirang, elmu naon bae aya kabeh tutug, tatas terus jeung anjeunna, estu sapatotos titis.
- Ibnu Hasan deui heran, naha ieu jalma teh ngarti teuing, jeung anjeunna bet saelmu, boa lain sambarang, kawas-kawas tedak turunan pangagung, beda ti jalma nu loba, nu geus mareuting di kami.
- 'Jeng Raja deui ngandika: ”Kula estu saumur nembe manggih, nu cara anjeun berelmu, turta masih nonoman, na teu hoyong jadi pangkat anu agung, jeung tacan kagungan garwa, naha ngantos naon deui.
- Ngan ngersakeun bae amal, ti kapungkur ku kaula kakuping, naon atuh nu dimaksud, ibadah bebeakan, cengeng manteng ka Gusti Allah nu Agung, kawas maksad ageng pisan, cing kuring pasihan ngarti?”
- Ibnu Hasan ngawalonan: ”Kula henteu aya anu dipikir, atawa anu dimaksud, estu ngan bae amal, seja nulung ka sasama kanca hirup, manawi aya pahlana, karilaan Maha Suci.”
- 'Jeng Raja deui ngandika: ”Teu percanten mun taya maksud leuwih, sampean ulah salingkuh, atawa hamham manah, mowal enya nyieun lampah tambuh-tambuh, kula mowal utatelan, keur naon dibuni-buni?”
43