Ieu kaca geus divalidasi
- Ibnu Hasan pok ngajawab: ”Aya oge maksud namung mustahil, ngajul bentang ku asiwung, kuring tobat ka Allah, teu tiasa ngedalkeun isin kalangkung.” Raja tambah panasaran, beuki ngahantem ngaririh.
- ”Anjeun ulah kitu manah, wakca bae ulah pisan rek risi, sugan kuring werat nulung, ngadeudeul nu dimaksad, susu- ganan ku Gusti Allah dikabul, jeung lamun bangsa rasiah, kula mowal wani-wani.
- Cacarita ka nu lian, sarta kula sumpah ka Maha Suci, saksina sakabeh makhluk, bumi langit jeung bentang, tah sakitu poma ulah rempan kalbu, mangga bae geura wakca, ulah rek cangcaya galih.”
ASMARANDANA.
- Ibnu Hasan seg ngagalih: boa hade lamun wakca, sugan moal matak naon, da geuning wanieun sumpah, yen moal cacarita, ki Hasan ngahuleng bingung, rek wakca heurin ku letah.
- Tuluy ngaharewos leutik, kieu pokna ka ki semah: ”Kieu kuring nya maksud teh, bawaning welas ka Raja, hayang pisan nulungan, kantenan anjeun ge ma'lum, yen Raja di nagri urang.
- Kakongas Ratu berbudi, sabar adil palamarta, welas ka abdina kabeh, tutulung ka anu susah, ngahampura nu salah, kersa mitutur nu luput, balabah sarta akuan.
- Ngan ku hanjakal saeutik, aya anu teu kapendak, ku Raja teu kaparios, nyeta guru elmu bid'ah, nu muruk kagagahan, ngakukeun bedas jeung weduk, hanteu teurak ku pakarang.
- Padahal eta giringsing, estu bibit kajahatan, wungkul nungtun kana goreng, pamawa kana cilaka, ka rahayat jeung Raja, lamun kuring jadi Ratu, di jero opat likur jam.
- Guru bid'ah teh dibasmi, katut jeung badal-badalna,
44