Ieu kaca geus divalidasi
- tah kitu pamaksudan teh, tapi rebu-rebu tobat, sanes nyacampah Raja, ngan bubuhan jalma hirup, sok bae aya lepatna.”
- Sultan kaget liwat saking, ngageter dina manahna, karah kitu maksudna teh, paingan hese rek wakca, nya estu lalamunan, tidinya lajeng ngadawuh: ”Bo estu susah eta mah.”
- Tuluy nyaur lain-lain: Aduh kula kahutangan, moal bisa males bae, kana pangaku ajengan, nu sakieu cekapna, ngan ieu kula teh gaduh, landong nu mustajab pisan.
- Seg nyandak duwa glas leutik, tuluy dicician minyak, bari kieu lahirna teh: ”Ieu landong kasiyatan, kana kabeh kasawat, ku ajengan leueut kudu, minangka pamulang kula.
- Mangga ulah rempan galih, urang sareng ngaleueutna.” Bin Hasan teu pisan ngartos, tapi teu panjang dimanah, tuluy minyak ditampa, barang ngaleueutna tutup, ngalenggerek kulem tibra.
- Nangkarak dina alketip, teu terang di bumi alam, sihoreng eta minyak teh, paranti nyirep jelema, supaya sare tibra, Kangjeng Raja sanggeus kitu, ngandika ka Meralaya:
- “Geuwat ayeuna sing gasik, ieu teh ki Ibnu Hasan, ku duwaan urang gotong, urang bawa ka nagara, meungpeung keur jempling pisan, di mana datang kaditu, kudu pada ngangken Raja.
- Kudu kedengkeun ku Amir, dina pangkuleman kula, hayu buru-buru bae, bisina kaburu beurang, urang leumpang sing gancang.” Meralya gura-giru, jeung Raja ngagotong Hasan.
- Angkatna kalangkung kesit, entong catur di jalanna, ka dayeuh geus sumping bae, pareng taya nu mendakan, lajeng Syekh Ibnu Hasan, ka kraton dicandak asup, kana pangkuleman Raja.
- Diebogkeun dina katil, di nu sing saruwa endah, tapi teu pisan ngaraos, henteu emut meueus acan, tina bawaning tibra, tidinya Raja ngadawuh, ka Amir kapala perang:
- ”Geuwat bejakeun ka Patih, magang-magang sina
45