Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Syekh Ibnu Hasan - Puradinata.djvu/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    hudang, sarta jurutulis kabeh, kitu deui upas-upas, sina nyarieun surat, bewaraan ti kadatun, bejakeun ieu rasiah.
  1. Kabeh jalma isuk misti, ka Hasan ngarangken Raja, saha nu henteu ngawaro, pasti dihukuman beurat, poma rek sambewara, karep kami eta kitu, lain pikeun lalawora.
  2. Meralaya gasik indit, ngajalankeun satimbalan, pendek enggeus salse bae, jurutulis rawuh magang, ngadutun nyieun surat, di nagri guyur tagiwur, bung-beng upas pasuratan.

KINANTI

  1. Teu lami neng pukul tilu, para nyai geus ka cai, purah ngagugahkeun Raja, istri-istri nu gareulis, geus ngebak tuluy darangdan, pada nganggo erok kuning.
  2. Sarta pada dikukudung, ku sutra buwatan Kasmir, kabeh sarwa pada bodas, nawiskeun setiya ati, tuhu ka Sang Maha Raja, cirining hate beresih.
  3. Geus dangdan tuluy karumpul, marek pajuwaran Aji, ngantos-ngantos tabuh opat, waktuna Sang Raja tanghi, hempak sami memendekan, semuna kalangkung isin.
  4. Barang geus dongkap ka waktu, para nyai tuluy ngawih, ngagugahkeun Maha Raja, sarta laguna teh sa'ir, matak waas kakupingna, pok-pokanana malahir.
  5. Kalangkung matak kayungyun, paningkahna para nyai, sorana angin-anginan, kasipuh ku jempling peuting, tah kieu pokpokanana, ku basa Sunda disalin.
  6. Mugi agung nya paralun, wireh kumawantun abdi, ngagugahkeun ka Paduka, Sinuhun jungjunan abdi, Ratu Agung Binantara, di Bagdad nu nyakrawati.
  7. ”Wireh di masjid geus kumpul, sami ngantos Dampal-gusti, sumangga enggal ka jamban, pangsiraman geus sayagi, taya kakiranganana, kantun gusti bae tanghi.”
46