Ieu kaca geus divalidasi
- Anu keur kulem kacatur, Ibnu Hasan dina katil, dina pajuwaran Raja, ngarungu anu manyanyi, ngorejat asa kagebah, reuwas kaget jero galih.
- Raosna asa ngalindur, ngalilir jeung gusak-gisik, jeung tuluy maca istigfar, bari henteu elat dikir, sarta ngaos pupujian, naon bae sakapanggih.
- Ku para nyai kama'lum, yen 'Jeng Sultan enggeus tanghi, tuluy eureun manyanyina, ngantos medal Kangjeng Gusti, sarta geus pada sadia, pada nyangking damar lilin.
- Ibnu Hasan banget tunduh, henteu kersa tuluy tanghi, tuluy kulem deui tibra, pada ngantos enggeus lami, pok deui bae haturan, cara sakumaha tadi.
- Barang nu kulem ngarungu, korejat ngalilir deui, beuki kaget mamanahan, nguping deui nu ngarawih, raos di jero impian, ngahuleng ngagalih-galih.
- Sarta mamanahan ratug, bulu punduk maruriding, teu elat-elat istigfar, bari hantem alak-ilak, sidik lain di bumina, tetebahan leuwih resmi.
- Hasan bingung sakalangkung, reuwas pabaur jeung risi, boa ieu teh katulah, ku Sultan Harun al-Rasyid, dumeh sore aing ngupat, kitu dina jero galih.
- Raraosan henteu puguh, tina ku bawaning risi, sasambat ka Gusti Allah, dag-dig-dug di jero galih, enggeus hanteu puguh polah, tina manahna teh ajrih.
- Sadaya anu narunggu, bari nyekel damar lilin, seg deui bae haturan, angger bae cara tadi, Ibnu Hasan geus lahlahan, kaluwar tuluy ningali.
- Sanggeusna sidik parentul, pirang-rirang para nyai, ngucap dina jero manah, nahaon ieu teh ipri, atawa putri siluman, na mana gareulis teuing?
- Anjeunna nangankeun turun, gasik kabeh para nyai, ngaping ka nu karek gugah, sarta nyarebutna Gusti, Harun47