Ieu kaca geus divalidasi
- anu purah ngawulaan, sadaya pada gumati, dina unggal-unggal tempat, kabeh jalma pada ajrih.
- Anjeunna teu petot bingung, manahna teu acan sidik, tapi geus nyata tetela, estu lain pisan ngimpi, datang bae gede manah, nya kumaha behna teuing.
SINOM
- Barang saparantos siram, seg tuluy mulih ka bumi, kapetengan hanteu tinggal, kiwa tengen ngararaping, barang sumping ka bumi, nyampak emban ting lalimbung, geus nyadiakeun anggoan, bari matur semu ajrih, mangga Gusti ieu samukawis kaway.
- Ibnu Hasan geus lahlahan, manahna teu pati risi, nganggo-nganggo hanteu mangmang, kersana bade ka masjid, barangna geus tarapti, ka buruan tuluy lungsur, kersana bade netepan, berjamaah di masigit, rea naker pangiring anu nyarengan.
- Ngaping ti tengen ti kiwa, barangna sumping ka masjid, kabeh jalma pada hormat, ku Hasan semu arisin, ayeuna teu sak deui, di masjid loba nu wawuh, tetela di nagri Bagdad, seg uluk salam sakali, kabeh jalma ngucapkeun ya Maolana!!!
- Kai bilal ngadeg kamat, Ibnu Hasan enggeus ngarti, heg tuluy bae ngimaman, kawantu bijilan Mesir, laguna raos teuing, pada kaget urang kaum, ngupingkeun anu ngimaman, mana sakitu nya mahir, kabeh huruf ninggang kana wirahmana.
- Tutup salat pupujian, kumaha tali paranti, barang pupujian tamat, pada munjung sarta tadlim, sarta nyarebut Gusti, Maulana Sultan Agung, jungjungan sanagri Bagdad, Jeng Sultan Harun al-Rasyid, Ibnu Hasan nyaur dina jero manah.
- Naha mana sarerea, nyarebutna Kangjeng Gusti, matak heran matak bingbang, enggalna ti masjid mulih, urang
49