Ieu kaca geus divalidasi
- kaum ngariring, jajap dongkap ka kadatun, barang sumping ka jero pura, enggeus nyondong Kyai Patih, matur salam unjukan ka Ibnu Hasan.
- Gusti kedah magelaran, prantos kempel abdi-abdi, sadaya para ponggawa, anu ageung anu alit, hadlir dina salamlik. ¹) ngantos dampal Gusti rawuh, Ibnu Hasan ngawalonan, heug sakeudeung deui Patih, kula arek dangdan heula karajaan.
- Urang enggalkeun carita, teu lila enggeus tarapti, enggeus angkat ka mandapa diiring para bawardi, ²) gancangna bae geus calik, nyondong sakabeh pangagung, cabang damel rupa-rupa, Militer sarawuh Bestir, para Mufti jeung lian-liana eta.
- Ari Sultan anu enya, di latar bae nguriling, ningalikeun pra ponggawa, bisina kurang gumati, tapi henteu katawis, wantu panganggona nyamur, sumawonna Ibnu Hasan, teu pisan-pisan tingali, tonggoy bae mariksa para ponggawa.
- Bubuhan anu perceka, berbudi rajin binangkit, sagala tutug diajar, padamelan ngurus nagri, taya kagok saeutik, lir anu enggeus ngabaku, papariksa paparentah, ka kabeh para priyayi, sarta tuluy nyarioskeun guru bid'ah.
- Ka Patih Hasan ngandika, eta guru elmu sihir, kudu geuwat geura jorag, tuluy belenggu sakali, enggalna kyai Patih, mundur ti jero kadatun, tuluy miwarangan askar, nangkep guru elmu sihir, henteu lami torojol geus dibabandang.
- Dawuhan Syekh Ibnu Hasan, ka sadaya anu hadlir, eh para mitra sadaya, ieu jalma guru sihir, mangke mun aya deui, tukang nipu kawas kitu, sanggakeun ka kaula, montong aya tempo deui, sabab eta estu bibit kajahatan.
- Teu kudu panjang carita, tangtu kabeh pada ngarti, kana kagorenganana, panungtun cilaka diri, tah kitu wekas kami, aranjeun kudu sing ma'lum, ngan kudu asak pariksa, kudu gemet nya mulisi, bisi salah nangkep jalma tanpa dosa.
_______________
¹) Kamar atawa mandopo paranti narima tatamu,
²) prajurit pangaping raja.
50