Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Syekh Ibnu Hasan - Puradinata.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sakabeh pada haturan, kaulanun dawuh Gusti, sim abdi unjuk sumangga, seja ngesto siang wengi, sakumaha dawuh Gusti, dipunggu disuhun-suhun, mugi dipareng ku Allah, jangji hanteu geseh deui, sakumaha bieu nu parantos didadar.
  2. Kocap deui Ibnu Hasan, manahna teu acan gilig, sajeroning papariksa, masih keneh raos ngimpi, tuluy bae ngagalih, lamun ieu aing estu, lain di jero impian, rek nyoba nyanggakeun duwit, enya eta ka ibu saratus dinar.
  3. Mun lain dina impian, tangtu ku ibu katampi, minangka panayogean, enya lainna yen ngimpi, sanggeus dimanah gilig, ka Kyai Patih seg nyaur, cing calukan juru uwang, anu ngurus duwit kami, henteu lila nu disaur geus jol datang.
  4. Ibnu Hasan henteu mangmang, lajeng ngandika sakali, miwarang misahkeun uwang, lobana saratus rispis, tuluy ngadawuh deui, eta duwit nu sakitu, bawa ka indung Bin Hasan, sarta bejakeun ti kami, ti Jeng Sultan Harun al-Rasyid di Bagdad.
  5. Juru uwang rada susah, didawuhan nyokot duwit, siyeuneun kumaha onam, bisi bendu Maha Aji, rarat-reret ka gigir, kauninga ku sang Ratu, anu keur nyamar tea, ka tukang duwit ningali, dina latar ngadawuhan ku isarah.
  6. Tukang duwit ngarti pisan, tuluy gura-giru indit, nyembah ka payun Bin Hasan, sarta tuluy muka peti, misahkeun saratus rispis, sarta dianteurkeun tuluy, ka indung Syekh Ibnu Hasan, ayeuna sigeugkeun deui, nu kumpulan wanci duhur enggeus bubar.
  7. Ibnu Hasan lajeng tuwang, diladenan para nyai, kocap aya katuwangan, beunang nyampur reujeung hasyis,[1] nu tuwang teu tingali, yen matak tunduh kalangkung, tuwangna tacan sapira, Ibnu Hasan geus tiguling, ku perbawa kamatihan hasyis tea.

————

  1. Bangsa jukut, acina leuwih keras batan madat.
51