Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Syekh Ibnu Hasan - Puradinata.djvu/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    kul bari jeung nangis, tina duka balukarna jadi suka.
  1. Kocap enggeus pada terang, Ibnu Hasan cadang Mufti, murubul anu ngalayad, pada ngiring suka ati, maruji ka Yang Widi, tina bawaning panuju, kocapkeun deui isukna, di Bagdad enggeus sayagi, kahormatan baris mapag Ibnu Hasan.
  2. Para menak tunggang kuda, anggoan paginding-ginding, rarahab pagandang-gandang, sela kadali kumerling, matak resep nu ningali, panganggo harurung mancur, sumawon para nonoman, dangdosan sing sarwa manis, siga pisan anu arek maju perang.
  3. Meralaya anu mapag, gindingna leuwih ti misti, midang leuwih ti basajan, tenggek kaway pasmen kuning, tali bandang pabeulit, dina taktak omyok nambru, rara pasmen buwahan, sarung pananganna putih, solempangna pasmen emas kembang-kembang.
  4. Tunggang kuda dawuk ligar, alon di jalanna tartib, ti pungkureunana kreta, tungganganeun bakal Mufti, di payuneunana musik, ditabeuhna ku soldadu, raos naker laguna, sora bangsing melas-melis, sakur jalma nu nguping ngaraos waas.
  5. Panjang aleutan nu mapag, ngaleut ngeungkeuy lir titinggi, ngembat-ngembat nyatang pinang, nu nongton nya kitu deui, surak patarik-tarik, sora hadro ting galedur, awor jeung sora jalma, katema ku sora bedil, ting beledug kawas dina medan perang.
  6. Ka pakuwon Ibnu Hasan, iring-iringan geus nepi, enggalna anu dipapag, dina kareta geus linggih, diaping senapati, dialeut para pangagung, matak kelar nu ningal, raraosan asa ngimpi, ibuna teh hookeun ningali putra.
  7. Bujengkeun bae enggalna, nu mapag geus mulih deui, sami bungah sadayana, geus dongkap ka srimanganti, rame asa kaindit, ngaguruh lir gunung bitu, enggalna Ibnu Hasan, dikaleng ku Maha Aji, dicalikkeun arek tuluy diistrenan.
57