Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Syekh Ibnu Hasan - Puradinata.djvu/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

PANGKUR

  1. Ponggawa hempak ngajajar, beres baris caralik di sri manganti, Kangjeng Sultan nu ti payun, ngadegan Ibnu Hasan, Meralaya sareng Patih nu ti pungkur, duwaan teu paanggangan, nyandak kadinesan Mufti.
  2. Lajeng Raja ngadawuhan, ka sadaya sakur-sakur anu hadir, muga ku kabeh dirungu, ieu Ki Ibnu Hasan, tina wates poe ieu geus diaku, jadi rengrengan kaula, pibatureun ngolah nagri.
  3. Kula geus sampe percaya, ka ieu teh sabab pinter pilih tanding, sagala elmuna tutug, taya pisan kurangna, lungguh timpuh teu adigung gede hulu, estu teu aya celana, matak resep widi asih.
  4. Tah ieu ganjaranana, pangupahna tina suhud ngulik ilmi, ka batur daek tutulung, nyaah ka pada umat, temen wekel sagala lakuna mulus, loba elmu jeung amalna, lain ngan wungkul ngecewis.
  5. Barang nguping sadayana, dawuh Sultan Sinuhun Harun al-Rasyid, sami panuju kalangkung, aya nu ngawalonan, dawuh Gusti sadaya sami sumuhun, seja ngiring kana kersa, moal gaduh ati gindi.
  6. Sanggeus tamat sasauran, Kangjeng Raja ka sakabeh abdi-abdi, jedur mariyem di sundut, surak ayeuh-ayeuhan, tuang leueut sadaya para pangagung, di luar nu sukan-sukan, kumpul saeusi nagari.
  7. Ti peuting ger-deui pesta, jalma-jalma enggeus karumpul deui, ngaliyud di alun-alun, raang damar baranang, damar kurung damar sewu unggal juru, unggal lawang kaca-kaca, bebetek sabuder nagri.
  8. Tutas tamat cariosan, lalakonna Ibnu Hasan nu berbudi, seret jadi Mufti agung, nagara tambah kerta, nagri Bagdad beuki tambah-tambah mashur, nu daragang tambah kaya, nu tarani wuwuh mukti.

TAMAT

58