Ieu kaca geus divalidasi
3
- Hantě djadi kasoesahan, měnang koe doewit saětik, kitoe děi mijarana, moenggoeh mělak laoek tjai, nja gampang hantě poesing, tapi réja anoe oentoeng, djalma anoe marělak, hantě pisan djadi roegi, tina adat anoe ĕnggés kapilampah.
- Kitoe děi djalma-djalma, sakabéh value="16">Hantě djadi kasoesahan, měnang koe doewit saětik, kitoe děi mijarana, moenggoeh mělak laoek tjai, nja gampang hantě poesing, tapi réja anoe oentoeng, djalma anoe marělak, hantě pisan djadi roegi, tina adat anoe ĕnggěs kapilampah.
- Kitoe děi djalma-djalma, sakabéh pada barěki, kana laoek ngadalahar, tambah koewat kana diri, djaba ti laoek tjai, daging sapi moending kitoe, di dahar di djaroewal, tapi moenggoeh di noe lětik, hantě wěrat mělina koe sabab mahal.
- Anoe mangka tjatjah-tjatjah, koedoe mělak laoek tjại, tina sawab rada moerah, soemawoña lamoen mibit, anggoeřan měnang doewit, ngadjoewal ka batoer-batoer, atawa ka noe lijan, tina dahařĕn gěs lěwih, dina sitoe dina koelah ĕnggěs réja.
- Nja éta noe di djoewalan, děmi kaoentoeñgan doewit, noe tina sahidji koelah, moen djěrona opat kaki, oekoerañana něpi, kana lahan lima ratoes, toembak ka pasagina, nja éta sabaoe mandjing, bisa djadi sratoes lima poeloeh roepijah.
- Atawa sok radjěn tambah, doewa ratoes radjen něpi, djěng děi dina hasilna, taja pisan anoe nanding, ngéléhkěn djalma tani, gědé tina anoe nanding, ngéléhkěn hasil laoek, mana hadé milampah, sagala djalma tě pilih , lamoen tina aja tjai aja lahạn.
- Ngoblog taja pěpělakan, sarta katinggang koe tjai, éta noe di kira-kira, sarta djeng di pilih-pilih, gěs djadi pisan boekti, di Tarogong tanah Bandoeng, asal noe kaoeroeğan, pipir goenoeng di noe lamping, lělěgokna di běndoeng di djijěn koelah.
- Réja sitoe běnang měngkat, anoe gědé anoe lětik, toeloej sĕg di parělakan, koe laoek gěs djadi bibit, sitoe sawaréh děi, di pělakan laoek lěmboet, gěs djadi kaoentoeñgan, ka djalma noe děkět tjitjing, noe milampah njijěn sitoe njijěn koelah.
- Malah djadi kamahijan, saréwoe roepijah lěwih, měnang doewit sataoeña, ajěna noe ěnggěs boekti, gěs pada mararahi, djalma anoe pipir goenoeng, sarta di paké kasab, tina hantě matak poesing, kahiroepan oenggal taoen tambah-tambah.
1*k