Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

4

  1. Rědjěng dina sawah-sawah, saěnggěsna roempak-djami, di bĕndoeñgan di pělakan, koe laoek ĕmas laletik, sawab gěs pada ngarti, réja anoe matak oentoeng, djaba ti laoek pělak, běntěr lélé miloe tjitjing, éta asoep djadi tambah kaoentoeñgan .
  2. Dina mangsa sěsělana, méméh mělak paré děi, nja éta mělakañana, koe laoek-laoek lalětik, gěs něpi kana moesim, sawahna rék di woeloekoe, laoekna sěg di ala, di djoewal di paké bibit, di dalahar sabatoer-batoer walatra.
  3. Djěng děi djaba tidinja, sitoe-sitoe aja děi, gawéna hasil katjida, nja éta měgatan tjai, lamoen kĕr oesoem ngidjih, waktoe tjaäh tjai pinoeh, éta tě matak roeksak, kana sawah noe di hilir, tina sawab koe sitoe gěs katandéjan.
  4. Anggoer ngaplak tjai ngemplang, ngotjorna tě pati tarik, palidna hantě ngagěntak, sawabna aja pipinding, ngadjaga ka noe hilir, njaéta tambakan sitoe, anoe měgatan inja, sangkan tě ngagĕntak palid, moen ngagěntak paréna hamo kaäla.
  5. Rědjĕng děi noe mijara, éta laoek-laoek tjai, hantě djadi kasoesahan, soemawoña matak poesing, sarta tě matak roegi, anggoer tambah djadi oentoeng, ka sagala djělěma, noe mijara laoek tjai, lila-lila měrěn tambah djadi banda.
  6. Ngadjěmbarkěn ka djělěma, ka ménak ka koering- koering, ka tjatjah tě kabalangsak, moenggoeh di djělěma lětik, noe sok mijara bibit, ngadjoewalan anak laock, lěwih tina hakaña, réja tjatjah djadi soegih, asal mibit djadi kamahijañana.
  7. Enggés réja noe milampah, tina sawab matak mahi, kana kahiroeрañana, anoe miskin djadi soegih, djalma anoe ges soegih, katambahan woewoeh oentoeng, ges nambah-nambah banda, tina mělak laoek tjai, ganti těmbang poepoehna asmarandana.

III

POEPOEH ASMARANDANA

  1. Bab noe kadoewa prakawis, dina tjai rědjéng lahan,