Ieu kaca geus divalidasi
7
- Oelah koerang dĕmpét tali , sarta djěng tali-pitikna, djěng baris roetjoekna kabéh, kai hiroep taloetoegna, noe babari djadina, atawa koe kaso hiroep, soepaja tambakan koewat.
- Ari koelah noe gěs djadi, noe asalna benang noegar, běnang ngalijan gěs djero, moen réja batoe di handap, seg goendoeken di tengah, djadi paimahan laoek, mangsana ges di pělakan.
- Asalna saméméh djadi, kěr waktoena di kalijan, taněhna palidken kabéh, goegoentoer montong di angkat, sing mon-téng ka hilirna, palidna masing ngagoeloeng, njéjot kabawa taněhna.
- Rědjěng dei saprakawis, lamoen njitoe di noe bala, rėja toenggoel kai gědé, atawa haoer tjoetjoekan, palebah lělěgokna, tjatjar masing ngabaloengboeng, rěngkědna pitjěn ka darat.
- Sarta sagala kakait, singkahken kan oelah matak hésé, taran, oelah sarta pitjeñan, sang-kan oelah matak hésé, dina pidjagačñana, mangsana di lin-taran, oelah aja tjoetjoek-tjoetjoek, noe ngaroeksak kan liěrap.
- Lamoeña engges běrěsih, sarta gěs anggěs nambakna, tjaina mangkana ngotjor, di běněrkěn masing ninggang, ka noe di bendoeng téja, tapi ti hilirěn sitoe, sing sadija palajangngan.
- Kira piäsoepen tjai, dina mangsa ĕker tjaäh, tjai oelah koengsi lébér, oetamana njijěn doewa, noe hidji tjai djalan, ker sapopowéna ladjoe, ngotjor kana palajangan.
- Noe hidji děi kěr tjawis, dina mangsa tjatjaähan, lamoen kěr lětik tě ngotjor, loehoer měĕšan tidinja, tě pati katjaijan, djadi palajangan gantoeng, tambakan woewoeh santosa.
- Moen kitoe taja kainggis, saoepama datang tjaäh, tjai mowal koengsi lébér, sawab moen limpas ngaroeksak, kana tambakañana, limpas, sok reja tambakan boeboel, tina sawab tjai limpas.