Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai.pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

8


  1. Dina koelah kitoe děi, lamoen ěnggěs di tjaijan, ti hilirna masing hadé, ngotjorna kana pantjoeran, mowal limpas tjaina, hantě béda tina sitoe, lamoen limpas matak roeksak.
  2. Toeloej pělakan sakali, koe djoekoet pikěn parabna, lamběta kangkoeng gé saé, kajoe apoe djěng saladah, laoek soekaěn pisan, rědjěng bari matak lintoeh , sarta djĕng téréh gědéna.
  3. Tě koengsi maraban děi, pikěn parab gěs di pělak, dina oenggal-oenggal ĕnggon, dina sitoe dina koelah, kabéh enggě ssadija, laoek tě soesahěn njatoe, parab ěnggěs sadija.

3

BAB MELAK LAOEK

  1. Bab noe katiloe prakawis, moenggoehing dina laoekna, ngan tinggal mělakan baé, lamoen gěs boga sitoena, atawa boga koelah, oepama rék ngarah oentoeng, měrěn boga doewit réja.
  2. Djěng koedoe ngajaken bibit, éta anoe djadi modal, laoek anoe galalědé, sawab téréh pisan djěngkar, gantjang réja anakna, ngarĕndog di sitoe-sitoe, atawa di koelah-koelah.
  3. Nja mijara koedoe milih, laoek noe babari anoe téréh gědé, oelah laoek noe sok galak, réja, sarta ngahakan ka batoerna, noe parabna laoek lěmboet, koedoe pisahkěn ĕnggoña.
  4. Noe goréng ka laoek lětik, oelah tjampoer di tĕndĕña, méjakěn ka laoek sédjén, něpi ka béjak ratoešan, malah kana réwoean, toengtoengna tě djadi oentoeng, djadi éléh koe roegina.
  5. Manana koedoe di pilih, éta montong di pijara, sapĕrti djěng bogo, soemawoña lamoen hampal, laoek noe