Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

11

  1. Rědjĕng laoek téh midjahna, aja moesim maridjah ka sa-risi, pangmindengna midjah tangtoe, kěr ngidjih réja hoedjan, tina sawab gědé tjai pararinoeh, ngěndoğan tě sakalijan, aja hělětna tě pasti.
  2. Dina wates popowéjan, hělět doewa tiloe powéna děi, malah radjen ogé langkoeng, opat powé lilana, anoe mangka lamoen rék ngabibit laoek, di léwihan dĕi.
  3. Lamoen hidji lalakina, bikangnamah tiloe noe rada lětik, lamoen gedé doewa tjoekoep, djěng oelah di tjampoeran, koe noe laoek lain bibit oelah baoeran, bisi endog di hakanñan, koe laoek éta di paling.
  4. Rědjěng děi éta koelah, noe di paké ker nĕndĕn laoek bibit, tjaina oelah noe kiroeh, anoe běrsih noe hérang, sarta koelah noe di paké bibit laoek, saméméhna di tjaijan, koelahna koedoe běrěsih.
  5. Koedoe di saätken demi éta bibit laoek, koelah gědé hěla, něpi kana lětak těäs sakali, bérok di sédjén koelah, ngadagowan méméh toehoer, gěs kitoe toeloej tjaijan, di palarna djadi sengit.
  6. Sačnggěsna di tjaijan, laoek bibit seg kěntjarkěn sakali, sawab tjaina ges pinoeh, laoek soekačn pisan, ngodjaina ngoeriling patingkětjěwoek, sẽmoe ĕnggěs boga rasa, hajang ngĕndog tatjan pěting.
  7. Djĕng tjai anoe di koelah, oelah pisan menang tjitjing tě palid, bisi goréng matak boeroek, endog tě djadi anak, rědjĕng tjawis parabot kěr endog laoek, kalampah, kapiadat ti sasari.
  8. Indjoekna seg di tĕndĕñan, di terapkěn di koelah toeroet sisi, kira opat dim kalapoet, lima dim pangdjĕrona, sahan-dapen koelit tjai éta indjoek, sawaréh aja noe soeka, maraké djoekoet di djepit.
  9. Djoekoet dina sasag-sasag, tapi éta aja tjatjad saětik,