Ieu kaca geus divalidasi
15
sing ati-ati, milih noe gědé noe lintoeh, noe gěs kolot oemoerna, lamoen maké bibit lětik, hantě hadé sok goréng anakañana.
- Enja ogé djadi anak, tatapi sok djadi lětik, hésé ngagědéjañana, manana koedoe di pilih, soepaja oelah roegi, moen kitoe te djadi oentoeng, sawab tina lilana, éta adat noe paranti , sasarina anoe ĕngges kapilampah.
- Rědjeng děi saprakara, moen rék mawa laoek tjai, ka noe djaoch-djaoeh pisan, di tjarangkaän koe awi, di tilaman sakali, koe ponggolan daoen tjaoe, djěng koedoe di toeroeban, njiroe maké sasag awi, djěng tjaina masing mindĕng di gantína.
- Oepama měting di djalan, tjarangka tĕndĕn di tjai, masingna kakĕěm pisan, oelah rék di djait-djait, koedoe sing ati-ati, tindihan hela koe batoe, njiroe toeroeb jarangka, masing pagěh oelah palid, sangkan tětěp saboewat měting di djalan.
5
BAB NGABEDAHKEN.
- Bab noe kagěněp prakara, sitoe masing tětěp di pijara, oelah tjara sitoe noe gědéna lětik, gěs lewih, di paké palagi, di bědahkěn oenggal taoen, sitoe gědémah oelah, ingkěn baé masing kari, tina sawab gědé těing karoegijan.
- Soesah ngarawat̃añana, ngabĕngkatna kagědéjañana, hésé děi, sawab njoesahkěn ka noe ti hilir, lila ngadago tjai, sabotna těatjan pinoch, palajañgan saraät, sawah toehoer noe di hilir, djĕng hasilna ka noe boga měrěn koerang.
- Orot kaoentoeñgañana, tina sawab lila děi, něpi karéja laoekna, anggoer ala berang pěting, koe hěrap ganti-ganti, koe oesep atawa boeboe, atawa lijan tidinja, koe parabot noe palagi, ngala laoek noe aja di sitoe téja.