Ieu kaca geus divalidasi
17
kangkoeng di toeroet sisi, ker parabna seg mělak laoek anakna.
- Oesoem ngawoeloekoe sawah, laoekna di ala děi, harga sadoewit asalna, djadina sapoeloeh doewit, malah lewih saětik, lima welas doewit pajoe, pajoe noe dina sawah, téréh gědé lintoch boentjir, ganti tembang gendingna asmarandana.
VII
POEPOEH ASMARANDANA.
- Moen mijara laoek tjai, di sawah angar taněhna, saětik běnangna paré, sanggěs sawah di laoekan, djadi lintoeh taněhna, hasil paré djadi woewoeh, tambah kaoentoengañana.
- Oepama sawahtéh tadi, saméméhna di laoekan, bĕnang-na ngan doewa tjaéng, ari sanggés di laoekan, ngala katiloe měnang, malah rědjen djědjeg tiloe, djěng paré hadé běnĕrna.
- Lamoen sawah koerang tjai, noe koedoe ngadago hoedjan, éta tangtoe lewih hadé, di pělakan laoek hěla, soepaja hantě sarang, koe tjai saětik tjoekoep, sabab ges rékép ta-něhna.
- Djěng děi tambah babari, hantě hésé ngabaladah, sabab taněhna gěs léndo, ngan kari saětik pisan, pigawéjen noe njawah, tétéla pisan jén oentoeng, sawah di laoekan téja.
- Hělět doewa taoen děi, tiloe taoen panglilana, koedoe di ĕreñan baé, pindah ka sédjén kotakan, seg toeoesken hělaän, bisina goréng tě aloes, sok matak hasěm taněhna.
7.
BAB WARNANING LAOEK.
- Bab kadalapan prakawis , tina laoek warna roepa, ĕngké
2 k