Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20
  1. Gěs tě boga pikěn binih, lamoen tě ngarikěn pisan, pělakěn mangké nahaon, djaga moesimna di boewat, nahaon, no di ala, roegina saoemoer-oemoer, naon noe di piboewatan.
  2. Kapikirna ti panděri, měrěn karasa handjakal, djadi poegag nja lalakon, sapěrti djalma noe dagang, ngabéjakěn modalna, toengtoengna moeloentoe, djinis modal gĕs tě aja.
  3. Aja tjonto noe gěs boekti, hadé pisan di toeroetan, éta di sitoe Tjidjambé, radén Arija Bandjañan, éta ngalarang pisan, sarta di anggo loeloegoe, njěgah ngala laoek midjah.
  4. Sakoer djalma toeroet sisi, anoe darěkět lěmboerna, ka éta sitoe Tjidjambé, di oewaran di paréntah, tě měnang di arala, témpo ěkěr midjah laoek, dongkap ka mangsa ајěna.
  5. Manana ajěna boekti, tě atjan soeda laoekna, masih réja kénéh baé, djadi kasoekaan ménak, djĕng kaoentoeñgan tjatjah, sabab ngalana di oeroes, tě měnang ngala kěr midjah.
  6. Ganti tjaritana déi, laoek goréng ka batoerna, kana laoek-laoek sédjén, éta montong di pijara, sawabna sok ngaroeksak, kana laoek-laoek lěmboet, hadé di lengitken pisan.
  7. Nja éta goréngna lěwih, laoek dělěg laoek hampal, montong mělak noe kitoe téh, sawab galak ka batoerna, laoek lěmboet di hakañan, béjak ratoes malah réwoe, ngahakan taja ěrěña.
  8. Mowal aja anoe kari, lila-lila béjak pisan, měrěn di hakañan kabéh, mana montong di pijara, laoek dělěg djěng hampal, noe ngaroeksak laoek lěmboet, oentoeng éléh koe roegiña.
  9. Noe matak hadé di basmi, masing lěñgit oelah aja, ngarikěn laoek haradé, anoe tara ngahakañan, kana laoek noe lijan, ajěna di ganti poepoeh, ijě těmbang dangdanggoela.