Ieu kaca geus divalidasi
23
milampah, tapi noe enggěs kalakon, ěndogna éta laoek, dina tjai-tjai noe tarik, ĕndoģná paralidan, kahilir gěs djaoeh, malěgar di djalan-djalan, sanggés měgar éta anak moelang děi, ngarěj madjoe ka girang.
- Anoe mangka réja laoek lětik, anak kantjra djalma ngadjoewalan, ka Tjijandjoer moro-moro, harga laoek saratoes, měnang měli ngan tiloe doewit, opat doewit mahalna, djadi moen saréwoe, tiloe baroe pangmoerahna, sěg mahalna opat baroe kantjra lětik, réja pisan noe dagang.
- Ngan waktoena sataoen sakali, dina mangsa kĕr katiga pisan, moesimna ěkěr halodo, réjá noe mawa laoek, anak kantjra noe lalětik, ngarala ka Tjisokan, di djoewal ka Tjiandjoer, něpi ka Bandoeng djaoehna ka koelóña ka Bögör rėja noe měli, hargana djadi oendak.
- Sawab djaoeh sarta rada roegi, tiloe pěting lalampahhañana, di djalan koedoe marondok, noe ka Bogor ka Bandoeng, di djoewalan salikoer doéwit saratoesna tě koerang, anggoer radjěn lakoe, doewa poeloeh sén di djoewal, satanggoengan toedjoeh réwoe djalma hidji, noe sok radjěn marawa.
- Djĕng parabna kantjra kitoe děi, sagoeramé njatoewañana, laoekna moetoeh koe raos, noempang ti sédjén laoek, bari pělěm nja hantě hanjir, roepana pangāloesna, taja anoe njoesoel, noe pantěsna tjara kantjra, tapi linghas koewat dina tjai tarik, di tjai njéjot bisa."
MÉLANG.
- Ijé pasal katiloe prakawis, laoek mélang éta tjara kantjra, gědéna sed rada pondok ngan sédjén ana njatoe, noe di hakan di tjai-tjai, koeloemoed batoe téja tjára loekoet lěmboet, di tjroktjrokan di sontrolan, koeloemoedna dina ĕmbĕk-ĕmběk tjai, wantoening labek njaksab.