Ieu kaca geus divalidasi
29
- Djěng parabna noe di hakan, koetoekoeja hilěd tjai, loekoet hoeoet djěng gégémpa, rinjoeh kédjo rědjěng tjatjing, laoekna ngěnah děí, éta hadé moen di ingoe, di pijara di koelah, gampang hantě hésé děi, djěng babari loba lamoen di pijara.
BĚTOK
- Pasal kadalapan wělas, laoek bětok téréh děi, satěngah kaki pandjangna, atawa koerang saětik, téréh loba kĕr bibit, babari djĕngkar di sitoe, djěng dina rantja-rantja, soeka dina lětak tjitjing, djěng parabna tjara lélé hantě béda.
SĚPAT.
- Pasal kasalapan wělas, laoek sěpat rada lětik, téréh gědé, téréh réja, karěsěpna ĕnggon tjitjing, nja tjara bĕtok děi, parabna gës tjara kitoe, taja pisan bédana, ngan sĕpat rada lalětik, panggědéna hantě tjara bĕtok téja.
SÉNGGAL.
- Pasal kadoewa poeloehna, laoek sénggal kitoe dĕi, dalapan dim pangpandjangna, éta téréh loba bibit, karěsěpna sok tjitjing, di tjiwaloeñgan noe lijoeh, rědjěng dina parabna, éta tjara kantjra děi, běnang ogé di pijara dina koelah.
KANAJAPAN.
- Pasal salikoer prakara, kanajapan lain děi, salapan dim pangpandjangna, éta kasoekana tjitjing, dina waloengan tjai, noe hérang noe réja batoe, ari dina parabna, koetoekoeja hilĕd tjai, rědjěng loekoet dina batoe dina tjadas.