Ieu kaca geus divalidasi
30
- 2Éta laoek ngěnah pisan, hadé moen di djijěn bibit, di pělaken dina koelah, noe hérang noe réja késik, réja batoe di sisi, sangkan soeka éta laoek, réhna noe di hakañan, koeloemoed batoe di tjai, noe narapěl kana batoe kana tjadas.
MÉÑGA.
- Pasal kadoewa likoerna, laoek méñga kitoe děí, ngan lima dim pangpandjangna, noe réja di Tjimandiri, nja éta ngěnah děi, laoek sisi laoet kidoel, di moewara-moewara, noe réja batoe di sisi, tina sawab loekoet anoe di hakanan.
- Nja éta gé téréh loba, rědjěng karěsěpna tjitjing, nja dina tjai waloengan, noe hérang noe réja kěsik, réja tjadas di sisi, sok narapěl kana batoe, napělkěn tjětjěpatna, mana pagěh bisa tjitjing, dina batoe dina pipir lijang-lijang.
BALANAK.
- Pasal katiloe likoerna, nja laoek sisi basisir, ngaraña laoek balanak di moewara tjai-tjai, pandjangna sapoeloeh dim, aja noe sakaki langkoeng, sarta djěng téréh loba, hadé lamoen njijĕn bibit, lamoen mělak dina sitoe dina émpang.
DĚLÉG.
- Pasal kaopat likoerna, njaritakěn laoek děi, dělěg anoe katjarita, djĕng gaboes ngaran sahidji, pandjangna radjěn mandjing, doewa kaki malah langkoeng, laoek di rantja-rantja, djěng téréh djĕngkarna lěwih, ganti těmbang poepoehna asmarandana.
X
POEPOEH ASMARANDANA.
- Djĕng dina waloeñgan tjai, soeka dina lětak-lětak, éta