Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31

laoek téréh gědé, tapi goréng ka batoerna, galak sok ngahakañan, kana laoek-laoek lěmboet, roegi lamoen di pijara.

  1. Moen tjampoer djěng sédjén děi, sapěrti ngingoe di koelah, dělěg djadi hama gědé, tapi lamoen ngawoengkoelmah, tjara di rantja-rantja, nja hadé ogé di ingoe, ngoentoengkěn kabina-bina.

BOGO.

  1. Pasal salawé prakawis, laoek bogo katjarita, di ngaranan hédjo gado, téréh gědé laoek éta, sarta djĕng téréh loba, karěsěpna tjara gaboes, roegi lamoen di pijara.

DJONGDJOLONG.

  1. Ije pasal lain dĕi, djědjég kagěněp likoerna, laoek noe ngaran djongdjolong, nja éta noe ngaran hamapal, pandjangua kira-kira, sakaki satěngah langkoéng, bari téréh pisan loba.
  2. Karěsěpna ĕnggon tjitjing, dina sitoe dina koelah, dina waloengan ngotjor, laoek goréng ka batoerna, sok běki ngahakañan, kana laoek-laoek lěmboet, roegi lamoen dipijara

LOEBANG.

  1. Ijě pasal lain děi, anoe katoedjoeh likoerna, laoek loebang téréh gědé, lima kaki pangpandjangna, rěsěp di tjai waloeñgan, dina lijang-lijang batoe, moen ěnggěs gědé katjida.
  2. Daék njatoe kana měri, atawa sok njatoe hajam, poegoeh moen ka laoek sédjén, hésé pisan mijarana, sawab babari minggat, di koelah atawa sitoe, bisa pisán pangminggatna.

PARAJ,

  1. Ijě pasal lain dĕi, dalapan likoer prakara, laoek paraj