Ieu kaca geus divalidasi
32
katjarijos, kira tiloe dim pandjangna, djěng bari téréh loba, karěsěpna éta laoek, dina oenggal tjiwaloengan.
- Di sagala tjai-tjai, djěng děi dina parabna, loekoet koetoekoeja kédjo, hilěd béjas kaběkina, hoeoet rědjĕng gégémpa, éta hasil moen di ingoe, sok babari pisan djèngkar.
BĚNTĚR.
- Njaritakěn pasal děi, salapan likoer prakara, laoek běntěr téréh gědé, ngan tiloe dim pangpandjangna, aja noe panggědéna, ngaraña běntěr tjangkihkoel, satengah kaki pandjangna.
- Éta tjara paraj đěi, di sagala tjai aja, parabna saparaj baé, énggěs sakaběki pisan, hantě aja bédana, téréh djěngkar éta laoek, hadé lamoen di pijara.
TAMPÉLÉ.
- Katiloe poeloeh prakawis, tampélé noe panggědéna, pangpandjangna ĕnggěs néndjo, ngan sadim tiloe parapat, étatéh karěsěpna, di tjiwaloengan di sitoe, rědjĕng dina, rantja-rantja.
DJOELOENG-DJOELOENG.
- Pasal tiloe poeloeh hidji, djoeloeng-djoeloeng laoek ngambang, éta laoek tara ngěndog, ngadjoeroe toeloej anakan, ari noe pangpandjangna, sadim satengah tě langkoeng, rědjĕng téréh pisan loba.
- Djěng parabna hilĕd lětik, hoeoet rédjéng hilěd béjas, éta tjara paraj baẻ, ngan ari paraj di handap, djoeloeng-djoeloeng mah ngambang, lain tjara sédjén laoek, gës kitoe salalawasna.