Lompat ke isi

Kaca:Wawatjan Katrangan Miara Laoek Tjai.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33

HOERANG.

  1. Ijě pasal lain dĕi, anoe katjarijos, éta téh anoe tiloe poeloch doewa, hoerang réja gawéna, di lilakën gé běnang, di powé mangkana toehoer, ngĕnah pisan di daharna.
  2. Ajana di tjai lětik, dina sitoe dina koelah, di sagala tjai baé, djĕng parabna tjara paraj, éta hasil katjida téréh loba éta lacek, hadé lamoen di pijara.

RARONG.

  1. ljě njaritakěn děi, tiloe poeloeh tiloe pasal, ĕnja éta laoek rarong, dina moewara-moewara, dina sitoe gé aja, téréh loba éta laoek, hasil lamoen di pijara.

KOEOEL.

  1. Ijé pasal lain déi, anoe tiloe poeloeh opat, ajěna noe katjarijos, tina sawab réja-réja, djalma noe malijara, nja éta noe ngaran koeoel, éta téréh pisan loba.
  2. Ari karěsěpna tjitjing, di sitoe di tjiwaloeñgan, rědjěng dina balong-balong, aréndoğan aranakan, babari pisan réja, hantě matak hésé ngoeroes, sarta linděk hantě giras.

KÉJONG.

  1. Ijě pasal lain dĕi, anoe tiloe poeloeh lima, éta njaritakěn kéjong, tjara koeoel hantě béda, sarta téréh pisan loba, hantě soesah anoe ngiñgoe, hantě koengsi di paraban.

TOETOET.

  1. ljě njaritakěn děi, tiloe poeloeh gěněp pasal, toetoet anoe katjarijos, tjara kéjong hantě béda, lampah baranghakana, ngan sédjén roepana toetoet, béda rědjěng kéjong téja.
    3k