Ieu kaca geus divalidasi
2
- Moen di paké ngarah oentoeng, tina asal boga bibit, anak laoek ĕnggés réja, koelah sitoe gěs di ěsi, sĕg mělakan tjiwaloeñgan, tangtoe měrěn tambah hasil.
- Ngaréjaān oenggal taoen, rédjéng aja noe paralid, tina sitoe-sitoe bědah, tangtoe ngotjorna ka hilir, nja tětěp di tjiwaloeñgan, aranakan tambah děi.
- Lila-lila djadi pinoeh, dina oenggal-oenggal tjai, hantě hésé barang-ala, noe asal tě boga bibit, ngala di tjai waloeñgan, hantě maké modal doewit.
- Tangtoe rěsěp ngala laoek, réhna djalma pada běki, tapi tě bějak di ala, tina ěnggěs réja bibit, di harakan di djoewalan, hantě soesah ngala doewit.
- Tina ngadjoewalan laoek, pikěn balandjana mahi, sanggěs mahi kĕr balandja, moengpoeloengkěn něnděn doewit, pikěn měli papakéjan, lila-lila djadi soegih.
- Mana hadé mělak laoek, láin tjara sapi moending, matak hésé ka djělěma, koedoe ngañgon koedoe ngarit, djěng koedoe aja kandangna, ngadjagana bĕrang pěting.
- Laoek mah tě koedoe kitoe, tě hésé tě matak poesing, djĕng babari ngabibitna, měnang koe modal saětik, hantě djadi kasoesahan, těmbang sinom noe ngaganti.
II
POEPOEH SINOM.
2.
BAB SITOE DJENG BALONG.
- Noe matak hadé néjañgan, akal soepajana djadi, anoe tě djadi sorañgan, těgěsna akal pamilih, njijěn ĕnggon sahidji, nja éta kěr mělak laoek, ari mělakañana, bibit anoe benang milih, djěng mělina hantě pati réja modal.